Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/ 145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Jangjang kuya-jangjang kuya,
belentuk dilodok meri,
Jang kaula-jang kaula,
randa montok nu kamari.

Hujan deui-hujan deui,
hujan di Kalapagenep,
Bujang deui-bujang deui,
bujang geus anakan genep.

Ka cai kuring teu mandi,
teu sibeungeut-beungeut acan,
Rek kawin kuring teu jadi,
teu padeukeut-deukettt acan.

Asa kadu-asa kadu,
susuh belut reujeungjambal,
Asa payu-asa payu,
susu rayud buuk gimbal.

Alus teuing sawah hilir,
dipopok memeh ditamping,
Alus teuing randa hilir,
keur montok bisa disamping.

Kokocoran kolomberan,
anak hayam reang bae,
Kokosodan lolongseran,
ari hayang teang bae.

Hujan deui-hujan deui,
hujan ngarincik ngagebret,
Bujang deui-bujang deui,
bujang nya licik nya koret.

133