Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/ 152

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Baju tablo dibulao,
cing atuh pangistrikakeun,
Kuring bogoh ti bareto,
cing atuh pangnyaritakeun.

Singkayo baju singkoyo,
daun sampeu samak soeh,
Lalajo bae lalajo,
payu hanteu anak leweh.
 
Aya nangka ngora-ngora,
dipesek teu dipesoan,
Aya randa ngora-ngora,
ngadelek bari lehoan.

Kaduhung kuring ka Bogor,
ka Bogor ka Cibiana,
Kaduhung kuring kabongroy,
kabongroy kieu rasana.

Digilir-gilir awina,
dipalar beunang paseukna,
Digilir-gilir adina,
dipalar beunang lanceukna.

Kancing tulang jeung tamaga,
dipake na baju hejo,
Banting tulang jeung tanaga,
ngabelaan anak-bojo.

Ulah sok hayang sarundeng,
kalapa di Bandung keneh,
Ulah sok hayang ka ronggeng, .
balanja ti 1indung keneh.

140