Ieu kaca geus diuji baca
Abdi mah alim ka Bandung,
alim ka Sumedanghilir,
Abdi mah alim dicandung,
alim diduakeun pikir.
Engkang-engkang dina dulang,
melak eros sisi cai,
Engkang-engkang mangga tuang,
abdi mah parantos tadi.
Tikukur macokan kuman,
boboko dipake leupeut,
Beuki tutur beuki tuman,
ti bareto ngadeudeukeut.
Ngisikan geura ngisikan,
ngisikan handapeun saga,
Ngilikan geura ngilikan,
jaga mah aya nu boga.
Roda karet kuda hideung,
ditumpakan ku soldadu,
Kapelet ku budak hideung,
sabulan teu daek nyatu.
Hayang balik tumpak cowet,
ambeh dikukudung mutu,
Hayang batik tumpak pelet,
ambeh dipulung minantu.
Ngala hiris ka nu hieum,
dibantuan ku barudak,
Geulis ge da meunang nyieun,
meunang dipupur diwedak.
143