Ieu kaca geus diuji baca
Ngala hiris ka Cipetir,
ngala bogo dijeujeuran,
Nu geulis teu boga pikir,
ari bogoh sok nganteuran.
Peuteuy leubeut jengkol Jawa,
kalapa puan sasiki,
Meungpeung deukeut kuring bawa,
isukan mah ku salaki.
Mihapekeun poe pare,
poma rek katinggang kujang,
Mihape anu keur sare,
poma kagandengan hudang.
Mihapekeun pelak bako,
kade bisi kalakayan,
Mihape budak bareto,
kade bisi babakalan.
Kanyere pulasan leutik,
nya ruas henteu disoga,
Awewe ulah sok nampik,
sarua pada teu boga.
Anjing belang anjing hideung,
anjing leuweung ngakan hurang,
Henteu melang henteu nineung,
da lain kabogoh urang.
Bubur kunyit sakawali,
dalungna nu diseuneuan,
Budak ceurik ti kamari,
indungna keur sosonoan.