kana areuy honje buut,
kana sempur caladian,
kana tegal harendong leutik,
muhara Cijongkok koneng,
Ka mana pijalaneun kami,
ka ditu katineung urang,
heuleut-heuleut ka nu hideung,
sela-sela ka nu lenjang,
ka nu ayu timbun buuk,
ka nu hapur cacaian,
nu ayujarangkung leutik,
ka nu geulis montok koneng.
Kacapi dipanah gelap,
jauh ka tunggul kalapa,
nilas pacing piheuleuran,
sapotong disidurukeun,
diduruk dina raman ten,
dina kundur kahuruan,
Birak teuing anu nyelap,
jauh ka indung ka bapa,
panas peurih diheureuykeun,
sakeudeung ditimburukeun,
asa buruk dina angen,
kami undur kawuruhan.
Karinding kawung hideung,
palapah kawung rayana,
kasungka tali manjangan,
muhara Cijongkok koneng,
Ngirim tineung ka nu hideung,
talatah ka barayana,
teu suka teu dianjangan,
kami geulis montok koneng.
Kaca:Sisindiran.djvu/ 165
Pidangan
Ieu kaca geus diuji baca