Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

78

C.

§ 1. Di kota Jorek, tanah Inggris, djaman bahula aja hidji soedagar soegih, djenengannana Toewan Kroesoè ; kagoengan poetra tiloe, pameget kabèh. Tjikalna djadi perdjoerit, maot di pangperangan. Adina tjikal djadi boedjangga, ngarang èlmoe-èlmoe kitab ; èta ogè gus maol, lantarannana kasakit ungap. ― Ari boengsoena, ngaranna Robinson, didjoeroekunnana di taoen 1632. Tu kira-kira diasihna koe iboe-ramana, sabab ngan èta pisan noe aja, djadi manahna iboe rama koempoel ka Robinson baè. Tapi mikanjaahna salah; koe sabab asih tuing sagala kahajangna Robinson ditoeroet baè, tu pisan dipoengpang. Melentjing ka iskola ogè, diantep baè, djadi Robinson katjida ngaloendjakna. Tapi sakitoe dimumutna koe iboe-ramana, hentu datang ka potna pisan diadjar, dasar atina mah sukut. Nja melentjing- melen tjing ogė, ari pangadjarannana mah madjoe.

§ 2. Demi gus boedjang, iboe-ramana bingoengun kènèh, koemaha nja metakun Robinson, sarèhna tatjan aja pagawèannana gusan pangoepadjiwa. Ari Robinson pribadi ti boe boedak keneh uwuh dui napsoena, ngan hajang lalajaran di laoet sarta hajang ngadjadjah doenja. Gus doewa tiloe kali Robinson waktja ka ramana, jèn uwuh dui napsoena ngan hajang ngalalana. Koe ramana remen diwoeroek, soepaja manéhna oelah ngadolos napsoena, karana ramana tu rempoegun pisan. Kahojong ramana mah, koedoe djadi soedagar dui baè tjara andjunna. Tapi Robinson djero atina tubunang dipapalèr; kukuh baè hajang njaba djaoeh. Lamoen manehna boga indit baè, doewit sorangan mah kur bekel, tangtoe moal koengsi neda idin sepoehna hula. Tapi tina sabab tu boga pisan kur bekel, djadi manèhna kapaksa noeroetkun piwoeroek sepoehna.

§ 3. Dina hiji mangsa Robinson kur aja di palaboewan Hul, papanggih djung sobatna, batoer iskola; waktoe harita gus djadi kaptèn kapal. Èta sobatna kur lalajaran mawa