dagangan; sedjana isoekan bakal toeloej lajar ka London, kota Inggris. Robinson toeloe] njarita ka sobatna, jèn uwuh dui noe djadi ati, ngan hajang lalajaran. Wangsoelan sobatna: Ari kitoe mah, atoeh, hajoe miloe ka kapal koela baè. Hajoe oerang ka Inggris; didinja loba pisan tèlèndjoun, barang-barang noe aranéh. Robinson asa manggih pependeman baè; dasar mah ukur ngarep-ngarep, ajuna aja aoe nawaran. Tapi manéhna bingoeng: kènèh, sarèhna hentu boga pisan pibekelun. Tidinja toeloej ngawangsoel: Bo, sobat, koela tèh asa mobok, manggih gorowong. Ukur mah ti tadina koela hajang njaba, ajuna aja pangadjak sobat. Atoeh, langkoeng koela nja atoh. Ngan koela bingoeng kènèh, sarèhna tu gadoeh pisan pibekelun. Ari balik hula ka imah koela tu kadoega; gus tangtoe koe bapa moal diwidian. Sobatna ngawangsoel: Hal éta mah gampang. Sakaliun bekel mah koela og boga. — »Ari kitoe mah saè; ngan panochoen koela, hajang indit ajuna baè ka kapal, sabab lamoen lila-lila di darat mah, tangtoe ditéjangan koe bapa, murun kapanggih, djadi maksoed oerang moal djadi.”
§ 4. Demi gus kitoe toeloej baè Robinson djung sobatna indit, toempak sampan, kebat kana kapal. Samèmèhna indit, Robinson nitahan hula hidji djalma, mawa soerat ka sepoehna, njaritakun jén gus ijang ka London, moal lila bakal moelang dui. — Isoekna, tanggal 1 Sèptèmber 1651, kapal noe ditoempakan koe Robinson, gus didjait djangkarna, lajar ti palaboewan Hul. Robinson djung sobatna, kaptén éta kapal, ngalongok dina dèk, ngawaskun ka darat: tu kira-kira soegeman ati Robinson, saréhna laksana nijatna. Tapi barang palaboewan gus tu katèmbong, datang hoedjan angin, toenggara gedé pisan, kapal ampoel-ampoelan, kawas tatal dina tai waloengan gedé kur tjaah. Robinson tina kakara saoemoerna toempak kapal, kataradjang toenggara, mabok, oetah-detahan, liwat saking ketir atina, pangirana bakal kaleboeh baè. Tidinja manéhna kakara inget kana woeroek-woeroek sepoehna; ajuna gus karasa temahna. Manèhna sasambat ka iboe-ramana, sarta tobat, moal dui moengpang kana piwoeroek sepoeh.