Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
111

dibawa ngarijoeng. Sanggus dahar, bol tji kopi sareng hoga. Ari gus èntèp barangdahar, toeloej priboemi nawaran, soegan rèk siram, gus sadija tji panas tji tiis. Ladjeng abdi mandi, njampak sadija pisan, aja saboen, aja topo. Sanggus mandi, abdi dijoek dui omong-omongan djung priboemi tèja. Gus kitoe priboemi ngomong, pokna: Toewan bisi gus palaj; gura koelem. Nanging awon hantu katjarijoskun, sarèhna mangsa ajuna didiju réja pisan paling; hantu loewang puting kapalingan tèh. Oepami njandak noe saè-saè, lèlèrkun, sedja diampihan koe djasad kawoela baè di imah. Koe abdi hantu dipikir dui, tina kapertjajaan ka èla priboemi, nilik sakitoe laladjakna, kabagurannana. Toeloej baè kepèk papakèan rawoeh oewangna, ladang bèas tèja, koe abdi disèrènkun, neda dipangngampihankun. Toeloej ditampa koe manèhna pisan, dibawa ka imahna. Tu lila djeboel poen bodjona, mawa simboet sareng minjak wangi, pokna: ju, toewan, kampoeh sareng minjak; masing ngunah nja saré. Minjak sareng simboet ditampi. Toeloej abdi ngedeng, nanging hantu oedjoeg-oedjoeg hèès, njiluk baè, mikiran kasaèan priboemi, Tjiptaning ati: Iju priboemi téh niron-niron Ibrahim Hatamtaja, hadè ka sèmah.

§ 26. Demi soeboeh-soeboeh abdi hoedang, salat soeboeh. Bada salat dangdan. Tu lila djeboel dui soegoeh tji kopi, lalawoehna roti, mantéga, martabak djung madoe. Toeloej abdi ngopi. Sanggus ngopi, pamitan hari neda titipan tèja. Priboemi nitah boedakna njokot kepèk. Tu lila datang, diserahkun ka abdi èta kepèk. Ari diboeka, ngan woengkoel papakèan baè, hantu aja doewitna. Tidinja mimiti aja pikir rèmpan. Pok ditaroskun koe abdi: Toewan, mana ari oewangna? Wangsoelna: Baroek oewang. Tjatoer abdi: Enja, oewang emas, anoe dina kantong koelit tèja, rèjana itoengan salaksa pasmat. Priboemi téh hookun, semoe kagèt, pokna: Boa sampèan goendam, atawa owah akal, njaoerkun litip oewang emas salaksa pasmat. Tidinja toeloej baè abdi indit, hantu sasalaman-salaman atjan, tina koe bawaning bingoeng kamana nja ngoengsi, ka saha nja neda toeloeng