munangkun dui èta oewang. Demi ajuna sakabèh-kabèh djisim koering njoehoenkun kaadilan gamparan. Timbalan Radja anom: Masa Allah, èta mah lain prakara lulutikan. Kabeneran ogé, aja kawoela datang kadiju; soegan baè bisa munangkun inja. Pinterna serta adilna Radja anom gantjang baẻ ngamanah piakalunnana, soepaja kaboeka djoeligna si A b d o e l k a r i m. Ladjeng Radja anom ngalahir: Hè askar, manèh lumpang ka lemboer Abdo elkarim; si A b d o e l k a r i m disaoer masing kentjeng, koedoe kairingkun koe manèh. Askar toempak koeda, diloempatkun. Hantu sabraha datang lilana si A b d o e l k a r i m, diiringkun koe askar, tegesna kapetengan. A b d o e l k a r i m oelatna pijas serta ngadègdèg. Toeloej njembah bari njanggakun bakti doewa pasang ali inten, kira harga tiloe ratoes pasmat. Harita mah koe Radja anom ditjandak baè, ladjeng Radja anom miwarang tjarita ka ama.
§ 27. Toeloej ama tjarita, ti barang gok papanggih di djalan, nepi ka indit serta diangles titipan. Barang gus tamat oendjoekan ama, Radja anom mariksa ka A b d o e l k a r i m, lahirna: Tah, kitoe, A b d o e l k a r i m, tjarita A b d o e r r a h m a n kadèngè koe manèh, serta koemaha teroes ? Walon A b d o e l k a r i m: Soemoehoen, kakoeping pisan, nanging djisim abdi, soemawona katitipan oewang emas, papanggih ogè kakara ajuna pisan dipajoenan gamparan. Panginten djisim koering, èta djelema goendam atawa owah akalna. Radja anom mèsem, ngadangoe walonan A b d o e l k a r i m sakitoe, serta lahirna: Aja ogé teroesna djung A b d o e r r a h m a n sautik, nereka A b d o e r r a h m a n goendam atawa owah akal. Ladjeng Radja anom miwarang noelis ka A b d o e l k a r i m, disodoran kertas djung kalam serta lahirna: Hè A b d o e l k a r i m, toeroetkun omong kami, kiju pokna manèh nja noelis: Ajuna, pamadjikan, èta prakara kantong koelit, noe diusi oewang emas tėja, titipan sèmah noe mondok puting kamari, ajuna bahankun ka iju piwarangan Radja anom. Karana aing gus welèh, ngawaktjakun dosa, tina katrangan aing bakal munang timbangan ogè. Tah,