Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
121

loej ki Abdoelkarim němbalan, pokna: Noen, iju koering, noe ngaran ki Abdoelkarim téh, anak Abdoerrahman, sobat ki Abdoerrahim. Kadangoe koe poetri omong ki Abdoelkarim kitoe; poetri ngadengék bari njaoer noe karemit. Tidinja roesoeh di pakoewon kapatihan, ki Abdoelkarim dikepoeng koe djelema rèja.Loempat sakoewat-koewat, katjolok matana datang ka pètjak. Tapi harita tu kapanggih; ari isoekna kapanggih koe paréntah, dirawatan, dibawa ka roemah sakit, dikoempoelkun djung sagala noe gering. Ari gus tjagur, ditjampoerkun djung sagala kėkėrė.

$ 36. (Lalampahan sadoeloer tiloe, ajuna gus koempoel) ― Barang gok papanggih tiloeannana, tjurik patoengkoe-toengkoe, sili-tjijoem, pada djingdjet soekoena ti katoehoe, petjak matana ti kèntja, omongna: Naha oerang saoentoeng tuing, pada djingdjet, pada pètjak. Ari ajuna koemaha rempoegna? Hadè balik, hadě tjitjing didiju baė, wajahna djadi kèkèrè? Ari wangsoel ki Djapar: Kakang mah tatjan kadoega moelang, èra koe ama; mending didiju baě djadi kėkėrė ogė. ― Toenda hula tjarita sadoeloer tiloe; kotjap lalampahan Oemar Sanoesi anoe moersid. Barangna papisah djung doeloer noe tiloe, ngadjoegdjoeg ka hidji oelama, toeloej ngahadam, asoep djero. Ari isoek-isoek ngadji, ari ti burang digawè. Naon bae pagawéan goeroe ditjabak; saperkara itoeng-itoeng diadjar, kadoewa ngalap kasoeka goeroe, soepaja magahan ėlmoe, anóe aja mangpaatna. Ari èta goeroe tèh liwat saking radjinna, hantu tjara goeroe-goeroe noe rėja. Demi karadjinnanana getèn toelatèn ka moerid; isoek-isoek ngawoeroek ngadji agama, saboebar ngadji disingna digawé roepa-roepa pagawèan. Aja noe dititah njiun imah, aja noe dititah matjoel, aja noe dititah dagang, soepaja mangkė, ari balik ka imahna, hantu wagoe kana digawè, kana njijar kahiroepannana sorangan, oelah datang ka mènta-mènta, ngadagangkun doa. Oenggal sorè moeridna diingetan, kiju saoerna: Hè moerid-moerid kabèh, manèh masing inget-inget, jèn gus digadoehan pakakas koe Goesti Allah, soengoet,