Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/165

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
130

nana. Ari enggus dahar, Sèh Oemar Sanoesi njandak panganggo noe araloes tiloe pangadeg, tjalana, sorban, kopėjah, kahmis, djoebah, djung njandak oewang saratoes lima poeloeh pasmat, hug dipaparinkun ka kėkėrė tiloe, bari kiju saoerna Hè Sèh Djapar, iju panganggo loemajan sapangadeg sèwang, djung oewang lima poeloeh pasmat sèwang, kur pisangoeun maroelang ka nagara Sam. Djung hatoerkun salam talim koela ka toewang rama, Sèh Abdoerrahman, serta iju kikintoen panganggo, doewa pangadeg, hatoer loemajan, sedja sidekah, rudjung iju oewang saratoes pasmat, sedja majar hoetang ka toewang rama. Lamoen digasab, tangtoe andika kabèh lolong sarta merem pèngkor. Djapar, Noeroedin, Abdoelkarim pada nampanan paparin sarta titipan tèja, bari hatoeran: Paparin sampéan kasoehoen pisan, serta poedji alhamdoelillah, nanging sedja toemaros lahiran sampéan èta noe saratoes pasmat majar hoetang ka poen bapa. Koemaha sababna èta koering tatjan terang. Dimana adjengan papanggih sareng ngandjoek ka poen bapa? Oemar Sanoesi: Baréto koela dagang ka nagri Sam; pareng boetoeh doewit, namboet ka toewang rama. Walon Sèh Djapar: Insa Allah didongkapkun ka poen bapa! Toeloej Séh Djapar djung doeloer-doeloerna ngoendjoengan ka Oemar Sanoesi; gus kitoe bral mangkat.

§ 44. Katjarita Oemar Sanoesi ditaros koe garwana: Koemaha noe matak adjengan ngarijoeng dahar djung kèkèrè sakitoe hinana? Koering neda dipopojanan sadjatina? Oemar Sanoesi ngawalon: Hè pamadjikan, éta téh, lamoen manèh hantu njaho, doeloer-doeloer kami. Asalna indit bareng ti nagara Sam, dipiwarang koe ama pada goegoeroe ka nagara Mesir, ngadji élmoe noe mangpaat. Ari satengah djalan papisah djung kami, tina pasalija pikir. Ari ėta doeloer noe tiloe pada ngaroepat migorèng ka ama, njeboetkun boga bapa hantu kabeneran. Ari kami njotjokan tjuli, ngadèngė doeloer-doelor ngaromong kitoe. Tidinja kami ditoendoeng serta direboet bekel, noe saratoes pasmat tėja. Harita mimiti papisah, ari papanggih dui, manèhna gus kitoe, parè-