tjak darèjog, doraka ti bapa djung ti Pangéran, sabab ngadji èlmoe njasab. Eta bunang didjiun toeladan koe saha noe hajang salamet; karana kitoe téh matak ngadukutkun balahi, ngadjaoehkun redjeki. Koe kangdjeng Rasoeloe'llah banget dilarang, dilahirkun saha-saha noe ngadji èlmoe koehanah, hantu ditarima salatna. Ari èlmoe koehanah tėja, nja tjara patangan-patangan atawa noe soemakti. Tėtėla jèn èta satroening badan, boektina matak pètjak djung matak dèjog. Guruha Sèh Oemar Sanoesi djung abdi-abdina pada kaget sarta ngenes ngoepingkun Sèh Oemar Sanoesi tjatjarita, tina hantu njanaun éta sadèrèkna.
§ 45. Kotjap lalampahan pakir tiloe gus datang ka nagara Sam. Barang datang ka nagara Sam, njampak ramana kur tjalik dina bangkoe, diduhusan koe para soedagar, noe pada dimodalan koe andjunna. Barang rèt ningali ka pakir tiloe, mariksa, lahirna: Manèh, kèkèrè, timana, tiloe sapatoet dèjog djung pètjak? Pakir tiloe ngawangsoel: Hè rama, tangtoe adjengan pangling ka koering, sabab koering gus kiju nja patoet, hantu saroewa djung batoer. Ari koering tèh poetra adjengan; koering poen Djapar, iju poen adi Noeroedin, iju poen Abdoelkarim. Sèh Abdoerrahman nangis ningali poetra-poetra sakitoe roeksakna, toeloej ngalahir: Hè Djapar, naha manéh datang ka sakitoe roeksakna? Mana ari Oemar Sanoesi? Djapar ngawalon: Papisah ti djalan kènèh, hantu miloe ka Mesir. Ajuna doeka hiroep, doeka maot; tu papanggih dui sareng tu munang bèdja-bédja atjan. Sèh Abdoerrahman katjida prihatinna, ningali poetra-poetra sakitoe roeksakna djung badana. Dipariksa bab èlmoe, kiju loepoet, kitoe loepoet, ngan èlmoe noe njasab baè bisa tèh, patangan djung panjirep. Toeloej ki Djapar njanggakun kikintoen soedagar Mesir tèja, sipat panganggo djung doewit pamajar hoetang tèja. Abdoerrahman ngahoeleng, ngèling-ngèlingkun ka oerang Mesir, welèh, hantu èling.
§ 46. Para soedagar, anoe ngaduhus ka Sèh Abdoerrahman, pada naros, pokna: Koemaha petana adjengan