Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
133

noe poerah ngalalajanan barangtedana, dimoemoelė tjara sakitan baé. Sèh Abdoerrahman banget soesahna, ningali poetra-poetrana karitoe, ngan aja pangadjeng-ngadjeng manahna soegan Oemar Sanoesi aja kadjadjadiannana, manggih goeroe anoe bener pangwoeroekna, serta aja ogė taksiran Oemar Sanoesi hadè boedina. Hantu pisan lali, ngamanahan ka Oemar Sanoesi. ― Toenda hula Abdoerrahman noe kur prihatin. Kotjap Sèh Oemar Sanoesi soedagar gedé gus langkoeng-langkoeng moektina, méh mapakan radja kabungharannana, tatapi sanadjan soeka soegih burat bunghar, hantu lali-lali ka rama mah. Njaoer ka guruhana : Njai, ajuna kakang rèk ngaduhus ka ama ka iboe, di nagara Sam; njai gura dangdan-dangdan. Walon guruhana; Soemangga, sedja ngiringan pisan. Gus kitoe Sèh Oemar Sanoesi miwarang abdi-abdina dangdan-dangdan, njandak saratoes onta, dimoewatan roepa-roepa doenja-brana, aja panganggo, aja kadaharan, aja paparabotan, soepaja djadi pangboeboengah ka rama ka iboe. Sanggus tarapti, bral djengkar, pirang-pirang iringannanana, koemaha tjara iringan radja-radja.

§ 48. Katjatoerkun gus dongkap ka loewar kota Sam, urun masanggrahan, pirang-pirang himah mota, makoewon tjara pasang semoe nagara. Gus kamashoerkun kadjero kota, jèn aja soedagar gedé ti nagara Mesir, masanggrahan diloewar kota, sajaga koemaha tjara pasanggrahan radja-radja. Tina mashoerna rèja soedagar-soedagar pada manggihan. Gus munang saputing didinjana Sèh Oemar Sanoesi miwarang muntjit sapi domba, djung miwarang tjatjawis tata-tata korsi mèdja, koemaha tjara tata ratoe-ratoe. Gus kitoe toeloej njerat, kiju oengelna: Salam talim serta takrim kawoela, soedagar gedè ti nagara Mesir, rudjung pitoeloenging Allah didongkapkun kapajoenan anoe moelja, nja éta toewan Séh Abdoerrahman, anoe tjalik serta kasenangan di nagara Sam. Djasad kawoela ngantos-ngantos sanget, sampèan sarawoeh poetra garwa tjaralik ka pondok djasad kawoela diloewar kota, oerang dahar ngunah. Ladjeng serat