dilėlėrkun ka pandakawan, lahirna: Iju soerat bawa ka toewan Sèh Abdoerrahman, soedagar poendjoel di nagara iju. Toeloej soerat dibawa. Tina kamashoerannana Sèh Abdoerrahman, hantu hèsè nèjangan, gus kapanggih, serta ladjeng disanggakun. Seh Abdoerrahman ngarandjoeg, enja ogė hantu aja pangintenna jèn èta Oemar Sanoesi, tapi raosing, manah soemebłak baè, gus aja alamatna kedjoting manah. Tidinja dangdan ladjeng mangkat sapoetra garwana, hantu lila saroemping ka pasanggrahan. Sèh Oemar Sanoesi mapagkun bari njijoem panangan, hormat tjara tata ka sepoeh. Sèh Djapar, Noeroedin, Abdoelkarim pada tjurik, inget kur mangsana di Mesir, serta hatoeran ka ramana, pokna: Nja iju, ama, soedagar noe ngintoen tèh. Ramana ngahoeleng.
§ 49. Tidinja Sèh Oemar Sanoesi ngatoeranan ramana serta sadèrèk-sadèrèkna, njalikkun dina korsi. Ladjeng pada tjaralik dina korsi, majoenan médja. Hantu lila djeboel djaga-mèdja, ngatoer dahar, ladjeng sami dahar, ngepoeng mèdja, ari iboena ngarèndèng djung guruhana Sèh Oemar Sanoesi. Langkoeng-langkoeng sami soeka, ngan Sèh Abdoerrahman hantu urun-urun hèran, ngamanahan kasaèan Sèh soedagar. Njaoer sadjeroning manahna: Naha iju aja djelema sakiju hadèna djung sakiju hormatna, koemaha tjara adat mantri ka Radja baè. Tangtoe aja sababna noe matak kitoe. Sanggus dahar Seh Abdoerrahman pamitan moelih; disoemanggakun, nanging didjangdjian saban sorė koedoe tjaralik dui. Ladjeng Seh Abdoerrahman sapoetra garwana maroelih. Saban sorẻ tjaralik dui, asar-asar saroemping, ari sabada toewang sorẻ maroelih; kitoe baẻ saban-saban puting. Munang toedjoeh poè toedjoeh puting, kadalapanna sidekah gedé. Sèh Oemar Sanoesi miwarang muntjit toedjoeh sapi, sapoeloeh gibas djung warna-warna kadaharan luluutan djung noe ngarunah diajakun kabèh. Gus kitoe miwarang ngondang soedagar-soedagar djung ngatoeranan iboe-ramana djung sadèrèkna kabèh. Hantu lila saroemping Sèh Abdoerrahman sapoetra-garwana rawoeh