Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/174

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
139

djelema dagel pisan, taja kakoerang. Djung dui ki Abidin hantu pisan poho ka doeloerna misan, noe ngaran ki Djahidin tėja, tina gus lawas papisah tu munang bèdja-bèdja atjan. Hidji mangsa ki Abidin lumpang ka nagara, rėk babalandja. Ari di nagara papanggih djung djelema kėkėrė, papakèannana roebag-rabig, badjoe boetoet pinoeh koe tambal, totopongna ngalinting. Njampurkun ka kijai Abidin, ngomong bari hoemaroeroeng, malar dipikaroenja, pokna: Djoeragan, moegi aja piwelas sampéan ka koering, réhna koering gus tiloe poè kakara neda koepat sahidji. Ki Abidin watirun, mèrè satengah roepijah sarta diadjak tjitjing di manéhna, pokna: Paman miloe baé ka lemboer serta toeloej tjitjing di kawoela; oerang papaharè digawè. Kaduluna paman tèh walagri, taja katjatjad, tanaga murun rosa. Kèkèrè ngawangsoel: Soemangga, sedja ngiringan pisan; koering gus tu bisa neda, ari hantu bunang djadjaloek.

§ 4. Toeloej kèkèrè tèh dibawa moelang koe kijai Abidin. Barang nepi ka pangurunan, kijai Abidin urun, ngijoehan handapun tangkal asem sisi djalan, bari moerak bebekelan. Rorodannana dibikun ka kėkėrė tėja, ngarijoeng dadaharan bareng pananggoeng-pananggoengna kijai. Sanggus kitoe kijai Abidin mariksa ka kèkèrè, lahirna: Paman, kawoela hajang njaho koemaha asalna noe matak djadi kèkėrė, sarèhna kaduluna koe koela, paman tèh djelema walagri pisan. Kėkėrė ngawangsoel: Leres pisan pilahir sampéan, djisim koering walagri. Ajuna koering sedja njarilakun ti awitna; moegi sampean soeka ngadangoe. Lahir kijai: Soeka pisan; koela hajang ngadèngėkun. (Tjarita kèkèrè.) Asalna koering lumpang masantrèn babarengan djung doeloer misan. Ari di pasantrèn gèsèh kalakoean djung doeloer. Demi doeloer mah getol baranggawè, selang-selang ti ngadji taja ruruhna. Ti burang matjoel atawa djidjiunan, demi ti puting noelis atawa nganjam samak; kitoe baė kalakoeannana. Ari koering mah lain kitoe; ngan getol ngapalkun djampė baẻ, sarèħna koering gadoeh hidji kitab paririmbon, poesaka ti karoehoen, langkoeng-langkoeng abèngna. Koering kabita koe toedoehna,