Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/186

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
151

soepaja njaksian kana hibatna, toeloej ki djompo ngomong, ngikralkun hibat, kiju pokna: Ki Lebė, kawoela neda panaksen. Iju kawoela ngahibatkun genep moending ka iju anak kawoela lalaki, djung tiloe koeda sarawoeh tataloenan radja-kaja, sawah, kebon, djung iju tiloe moending, doewa koeda djung imah katoet usina, hibat ka anak kawoela awèwè. ― Toeloej koe anak-anakna ditampa, serta ki lebè nanda-tangan, narima djadi saksi.

Ti harita wates sataoen lilana tetep kènèh roemawatna anakna lalaki ka bapana. Kadoewa taoenna gus bolaj roemawatna; katiloe taoenna pot pisan, hantu ngarawatan, bapana gus roentang-ranting papakeannana. Tidinja toeloej bapana ngomong ka anakna, mènta anak koeda, djoewalun kur muli totopong. Kiju pokna: Ajuna bapa mènta èta anak si Temboeng, rèk didjoewal, kur muli totopong. Wangsoel anakna: Prakara bapa mènta anak si Bopong, hantu kahatoerkun, krana ngan sakitoe panghadèna kur baris bibit. Bapana ngomong dui: Ari hantu dibikun mah anak si Bopong, kadjun atoeh bapa mènta totopong baè pakèun, rèhna bapa gus hantu boga pisan totopong. Ngawangsoel anakna: Totopong koela hantu boga; djung dui kolot mah montong hajang make noe aloes-aloes tuing, sok moen mulit baè dina sirah.

Tidinja bapana ngalimba serta ngomong sadjero pikirna: Bèhna mah bener tjek paribasa: Ari djelema oelah sok tamplok-batokun. Nja kiju karasana, tjara ajuna kami. Banda béak dihibatkun ka anak, ari kami ngongkrong, datang ka hantu bisa ngaganti totopong-totopong atjan. Ari rèk istori ka hoekoem èra, da bunang kami bongan, kagendam koe anak. Gus kitoe èta ki sepoeh pindah ti anakna lalaki, tjitjing di anakna awèwè. Ari anakna awèwè mah masih kènèh roemawatna, getèn toelaten, saaja-aja kadaharan dipoepoedjoehkun baris bapa. Ari èta ki sepoeh asalna djelema getol, rėja kabisana, rėja kadaėkna. Ti burang matjoel di kebon, ari ti puting nganjam ajakan, said, njiroe. Koe sabab tina getolna serta kabisana tjoekoep ogè bisa ngagandjel-gandjel