ka anakna awèwè. Serta ki sepoeh boga kènèh peperenian oewang dina tjètjèlèngan, roepa keton djung pasmat, aja 30 keton djung 80 pasmat, nijatna tina roemasa gus kolot tèrèh nepi ka adjal, oelah njoesahkun anak merbaitan.
Katjarita èta anakna lalaki, sanggus kitoe ka bapana, tu koe hantu rèja pisan halangannana, buki koerang baẻ bandana, tina tatanggana pada ngarèwaun, diseboet djelema koerang panarima. Ka dungun komo, ka bapa nepi ka kitoe, saroewa djung ngarampog doang ka bapa. Ari benerna ka bapa mah, oelahmoen dihibatna radja-kaja sakitoe gedèna, hantu kitoe gè, wadjib moelang tamba ka indoeng bapa. Tina dirunuhkun nepi ka ahir balèg matak hèsè indoeng bapa bae. Djadi koe sabab kitoe èta djalma ditelahkun baè ngaranna ki Mahiwal, tegesna adat hantu saroewa djung dungun. ― Toengtoengna èta ki Mahiwal djadi malarat pisan, koeda moendingna toempoer. Tina gus èra hiroep, los baè ngentjoel ka Karawang, bèdjana djadi toekang ngangon meri di hidji Tjina, datang ka paèhna hantu bisa moelang dui ka djamanna.
Tamat.