Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/188

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
VII.

NINI- NINI MALARAT

DJUNGDELEG KASAATAN.




§ 1. Djaman bahula aja nini-nini malarat tu kinten-kinten; papakeannana gus boetoeh sarta laip, disampingna ogè, ngan oekoer bisa noetoepan orat. Kitoe dui dahar luutna sala wasna ngan sapoè sakali baẻ, malah-malah sakapung mah datang ka pot pisan, sapoè doewa poè hentu manggih-manggih sangoe, ngan oekoer nginoem tjai woengkoel. Ari boeboeroeh dederep hentu kadoega djung gus hentu lakoe, wantoe-wantoe enggus kolot, koerang tanagana. Djadi kahiroepannana taja dui ngan tina ngarorotèk baè dina tegal tegal atawa di kebon awi; ari bubunangannana dipaké noekuran béas atawa tjangkaroek ka tatanggana. Pandèning imahna ngan sempil baẻ, ditangkodkun kana pongpok imah batoerna, kitoe ogè hatupna bilikna gus balotjor, wantoe-wantoe hentu aja pisan anoe daèk noeloeng, mangngomèankun, koe tina hentu boga sanak- baraja, soemawona anak intjoe, èstoening noenggoel pinang.– Ari èta nini-nini tèh sakitoe nja ka kolotannana hentu pisan njaho ka Goesti Allah. Oelabon ngalampahkun kana paréntahna tèja, djenengannana ogé