Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
5

rang koe soedji rangseb, gus tu munang tjitjing, katjotjog koe boeloe sèmahna.

Dina mangsa harita burit tjantoeng katjida kadoehoengna, roemasa munang salah, datang ka bidjil omongna ka landak: Ajuna koela gus tu betah njorangan diloewar; ari asoep kadjero hurin, tu asoep dienggonan koe doewaan. Ajuna, sakadang landak, gura oendoer, oelah aja di lijang koela. Landak ngawangsoel bari suri: Saha noe tu ngunah dina lijang iju ? Hadè manèh bidjil; kami moal datang ka njingkah. Emboeng oendoer tina lijang iju, tina manggih kasenangan.

Hartina iju dongéng: Lamoen manèh rèk ngawawoehan djelema, koedoe dipikir hula béakkun. Sok rėja djelema manggih kasoesahan djalan tina koerang pamikir, gantjang njobat.


7.

EMBÈ LALAKI DJUNG SAPI LALAKI.

Aja embè badot hidji luwih bedas. Sasamana embè atawa doeloerna kabèh taja noe kadoega njangga karosaannana, noe matak djadi ruus, rasana gus tu boga lawan, nepi ka bisa nangtang perang tandingan ka sapi lalaki. Pareng papanggih, toeloej anggang-anggangan, seda rèk nunggar. Geprak sapisan nunggarna . Embè roeboeh satengah paèh, tandoekna remoek; sapi lalaki noe munang perangna, toeloej baè lumpang. Barang embè lalaki gus inget tina kalengerna, sobatna hidji ngaliwat didinja, nèndjo manèhna ngadjoprak dina tanuh. Toeloej ditanja: Kur naon, uj, ngadjoprak didinja ? Wangsoelna: Kami hajang njaho di awak sorangan, njoba-njoba kabedasan.

Hartina iju dongéng : Kalakoean embè lalaki èta ngaboektikun omong paribasa, djalma koemaki palatat-polotot samèmèh tiwas, ari gus tiwas, ngalèhlèh.