Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7

ngan soepaja paguh ditjangtjang soekoena, maksa baẻ hiber sataker tanagana. Enja bisa lèsot tina tjangtjangannana, tapi soekoena sabulah sempal, tinggalun dina tjangtjangan, gus djadi tjatjad sapandjangna hiroep, sarta djadi gawè doeloer-doeloerna noe welasun ngingonan, dipernahkun dina doengoes.

Hartina iju dongéng: Oelah karèjaan tuing sedja rèk mawa manèh, lamoen manèh tatjan katjonggah koe akal; saloepoetna ogè manggih tiwas tjilaka saoemoer-oemoer.

10.
BANGKONG DOEWA.

Kur mangsa katiga banget, saat sagala sitoe, bangkongna noe aja dina sitoe èta, pada nějangan enggon sèdjèn. Ngan bangkong doewa, noe manggih hidji soemoer djero sarta aja kènèh tjaina, ngomong ka batoerna: Èh batoer-batoer, saajuna montong lumpang djaoeh-djaoeh. Tah, aja soemoer; hajoe pada njemploeng kadjero soemoer. Wangsoelan batoerna: Gampang njemploeng, tapi koedoe pikir hula. Iju soemoerna djero sotèh ajuna, ari mengkėna saat, hèse bidjilna. Èta doewa bangkong hantu ngagoegoe ka omong anoe bener; kur rada pinoeh tjaina, hantu loentjat, tjitjing didjero soemoer baé, rasa manèh ngunah tiis. Hantu lila, tina bangeting katiga soemoer tèh saat. Bangkong, noe aja didinja, rèk bidjil, hantu bisa tina sabab djero; toengtoengna paèh garing dina djero soemoer.

Hartina iju dongéng: Sagala karep, anoe rèk disorang, pikiran hula pidjadijunnana. Oelah inget tuing kana kangunahan ajuna; bisi, tjara èta bangkong, tiwas koe kangunahan sautik.

11.
TJARUH DJUNG TITIRAN.

Aja tjaruh, kuna koe pitapak, katjida sangsarana; tu aja dui pikir, roemaos jèn bakal manggih pati baè. Aja manoek