Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8

titiran, pidik atina, njaho jèn tjaruh kuna koe tatahunan manoesa. Titiran gantjang hiber, njampurkun indoengna bari poepoelih, tjarèkna: Indoeng, soekoer, bagdja kamajangan. Satroe oerang bakal ngaharupan pati. Soemangga oerang ningali, bari singsijunan lelewang, soepaja katjida ruwasunnana.

Wangsoelan indoeng titiran: Emboeng aing rèk dibawa kitoe. Manèh ogè oelah balik dui kaditoe. Tu boga kaèra, boga omong kitoe? Karana hantu hadè moewas-moewas ka noe kur munang balai, sanadjan ka satroe kaboejoetan ogė, kadongdora wani ngalawan moesoeh, sabab kur manggih tjilaka. Lamoen aja djalma kitoe, tanda djedjerih sarta gorèng ati.

Hartina dongéng iju: Djalma oelah moewas-moewas ka noe kur kataradjang balai. Sanadjan satroe, soemawona sobat wadjib ditoeloengan.

12.
MERAK DJUNG BANGO SAIR.

Dina hidji poè aja merak pasėja, pasija-sija djung bango sair, paaloes-aloes roepa. Tjarèk merak: Tingkah manèh matak idjid tuing. Tjoba, salambar boeloe manèh djung boeloe kami saroewakun gedèna djung roepana djung gilapna. Kira kami tangtoe aloes kami, tètèla kaoengkoelan boeloe manèh.

Wangsoelan bango sair tèh: Èta omong manèh bener pisan, ngan saprakara djangdjang, noe hade roepa, handjakal koerang gawèna. Moal njoesoel kana kaluwihan kami, masih manèh hade roepa ogé. Merak nanja: Naon kaluwihan maneh? Bango sair lèmèk: Kaluwihan kami hiber; gura sèg soesoel hiber kami masing nepi kana mèga. Gus ngomong kitoe, toeloej hiber moeloek pisan; merak tinggalun sarta isin.

Hartina dongéng iju: Djelema oelah sok agoel tuing koe kahadéannana sautik; bisi kaoengkoelan katjida koe batoer.