Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26

Sagala kalakoean, lamoen sarèh sarta rapat, bunang ditangtoekun sok hadè kadjadjadiannana, tikel sapoeloeh djung noe huras regas, ngadjoedjoer hawa napsoe.


42.

HAJAM DJAGO DJUNG INTEN.

Aja hajam djago, langlajusun koerang parab, ngorèh dina kusik, nimoe inten gedè sahidji. Barang nèndjo inten, hajam djago tèh ngomong: Tada tuing boengahna toekang njarawèdi, lamoen nimoe inten iju. Ari lebah kami mah, mending nimoe béas sasiki, manan nimoe inten sarèwoe noe tjara iju.

Hartina iju dongèng: Naon anoe djadi redjeki, noe matak ngoewatkun kana badan, hantu bunang digantian koe noe lijan , nadjan roepa sosotja.


43

BAGONG DJUNK MÈJONG TOETOEL.

Aja bidji bagong, kur ngasah sihoeng dina tangkal kasambi, digungguruhkun koe mèjong toetoel, pokna: Manèh tèh kur naon? Wangsoelna: Kami kur ngomean pakarang paranti ngalawan moesoeh, bisi aja satroe rèk nganijaja ka kami. Tjarèk mėjong toetoel tèh: Rasa kami mah tu pati perloe, sababna tatjan aja moesoeh, pikarisiun manèh. Tjarèk bagong: Nja éta sababna koe kami noe matak dikedap. Ari gus bèh mah moesoeh, moal kaoer ngasah sihoeng, ngan kari taroeng baè. Luwih hade sadija, samèmèh nepi kana gawèna.

Hartina iju dongéng : Noe pinter ati-ati kur mangsana salamet, ngingetkun atawa njadijaan baris noe pikapakeun mangke, bakal noelak balai. Ari datang kana mangsana, ngan kari make baè. Sagala kalakoean, noe kaselepek, arang-arang aja hasilna; nja luwih hadè sadija ti awalna.