rèk hiber ka darat, digungguruhkun koe koeja. Tjarėk koeja: Uh, bagdja temen manèh, bisa njaho kamana-mana, lain tjara kami oedar-ider dukut baè. Wangsoelan walilis: Lamoen manèh hajang njaho kamana-mana, sug, kami daèk noeloeng, mawa ka manèh. Tatapi saratna, koedoe ngègèl kai lutik pandjang; digègèlna mangka malang dina pamatoek manèh, soepaja bunang dibawa hiber. Koeja tèh rèja-rėja bidjil omongna, narima ka walilis, sarta noeroet saparèntahna, ngègėl kai. Ari tjongona kai téh digègèl koe walilis kèntja katoehoe, toeloej dibawa hiber.
Barang nepi ka lebah pilemboeran , djalma noe nèndjo pada hèran, tina kakara njaho anoe kitoe petana, djadi diseboet ahèng. Kadèngè koe koeja pamoedji djalma tèh; langkoeng-langkoeng boengah sarta ngomong: Satemenna mah hantu ahèng. Ngan kakara sakitoe omongna, gus tu bisa dui ngomong, sababna lèsot ngègèlna koe omong tadi. Toeng-toengna koeja tèh ragrag, remoek pisan. Balai, noe kapanggih, djalanan ngantur kahajang djung soeka dipoedji.
Hartina iju dongéng: Manoesa èta kaseboet tjilaka, lamoen dibéakkun tuing pikarepunnana, anoe hantu pisan pernah kana dirina. Hajang ngarah tibra kana pikirna, tina karėjaan tuing angkoh, sèg baẻ manggih balai.
53.
PENDIL TAMAGA DJUNG PENDIL TANUH.
Kur mangsa tjaah gedè aja pendil doewa palid, noe hidji tamaga, noe hidji dui tanuh, tapi jatna pendil tanuh, djaoeh baè kana pendil tamaga tèh. Lila -lila pendil tamaga roemasa dipikasijun, sarta katjida hèranna. Lèmèk pendil tamaga tèh: Noe matak manèh nganggangan tèh, naon sababna? Oelah sijun-sijun; kami tu pisan-pisan boga nijat rèk nganijaja ka manèh.
Pendil tanuh ngawangsoel: Nja pertjaja ka omong manèh, jèn hamo bakal ngopènan ka kami. Tatapi oelah djadi ati,