Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35

ngaroeboeng kana manoek doewa, noe anjar datang, pada hajang njaho roepana. Manoek, anoe gus pada papanggih, pada kagèt djung hèran nèndjo roepana, aloes hidungna, gilap boeloena. Manoek mangkoek pada nitah disada; saharita gus pada boengah-boengah, hajang ngadèngè sora manoek, noe hadè roepana. Katjida pangukuhannana, nitah disada kana kaak, toeloej disada. Barang kaak disada, manoek anoe katjida tadina kagèt djung hèran, sanggus ngadèngè sorana, lungit hèranna sarta pada njeboet handjakal koe sora kaak. Ari patoetna aloes, sorana tu ngunah, tu bisa ganti-ganti sora, tu matak hèran. Ari tadina pada ngalem baè kana roepana, toengtoengna pada njungsurikun, pada mojok. Sabot pada ngaroeboeng kaak, tjangkoerilung mah taja noe ngakoe-ngakoe atjan, tina roepana belewoek, tu matak pikaresepun. Tjangkoerilung ngaguwat disada, kaddèngè koe manoek priboemi. Sakoer noe ngadèngè, pada kagèt, pada hèran. Tjarèk manoek mangkoek tèh: Tah, sora matak ngadatangkun kaboengahan, tina sorana ngunah djung bisa ngadjombali atawa ganti-ganti lagoena. Malah anoe sok panastrènan ogé, resepun, montjongok ngahoeleng, ngadèngèkun tjangkoerilung disada. Kabèh manoek-manoek, noe aja di luwung èta, pada moedji, pokna Njolong badè; goréng roepana, ngunah sorana. Tikel sapoeloeh resep ka tjangkoerilung manan ka kaak. Ti harita tjangkoerilung pada ngadjènan, kaak dimomorèkun baè.

Hartina dongéng iju: Djalma ginding, hadè djedjer, gus tangtoe ditaksir rėja kabisana. Ana gus katangèn, taja kabisa, dipojok sarta dimomorėkun. Sanadjan djedjerna tu pati hadè, taja banda, lamoen boga pangabisa, tangtoe diadjènan sarta dipikaresep.

57.
MANOEK DJOGDJOG DJUNG SAWUJ.

Aja manoek djogdjog, bunang koe sawuj; sasambatna ngalengis, malar dipikaroenja, mènta kaloewar. Noe boga