Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - fabelen, brieven en verhalen - Volume 1.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58

baraja, noe manggihan. Katoeroeg-toeroeg kataradjang oedoer panas-tiris, hantu kawerat noelis pandjang-pandjang. Ajuna sakalian hajang ngawalon pandjang.'

Djasad kaoela nja dongkap ka palaboewan Batawi tanggal 16 boelan iju. Di Batawi nja mondok di Emrat, munang 4 puting. Nja dongkap ka rorompok tanggal 21, sarta salamet, hantu aja naon-naon. Noe mangkoek di imah kasampak tjalagur, ngan toewang èjang Embah Hadji Gadjali kasampak hantu waras sarta wales, tina kaasakannana baè.

Djasad kaoela sok éling kasaoeran Embah Hadji Djalaloedin, ngagorah baè ana njaritakun kahadèan oerang Arab, ngan sirikna hantu njeboetkun, hitoetna sungit baè. Ajuna koe djasad kaoela kapanggih boektina.

Nja bener pisan, malah perloe oerang asih ka Kangdjeng Nabi, da panoetan oerang, tatapi lain sabab Kangdjeng Nabi oerang Arab baè, nja èta sabab diselirna koe Goesti Allah, didjadikun Nabi djung Rasoel. Djung noe didjadikun Nabi lain bangsa Arab baè, saperti Nabi Isa, Nabi Dawoed.

Tjendekna paham sad koela mah sagala bangsa aja hadèna aja gorèngna. Kahadèan bangsa Arab koe koela hantu ditjarijoskun, sabab kus kongas, rèja noe njeboetkun hadè. Dalah djasad koela pirang -pirang sobat oerang Arab, sarta pirang-pirang pitoeloengna kahadèannana ka djasad kaoela. Kitoe dui kagorèngannana koe djasad kaoela kapanggih. Kaoela di Mekah asoep ka Sèh oerang Arab, ngaran Sèh anoe. Barang datang, koela didjamoe, gus kitoe dipèntaan ringgit. Harita batoer djasad kaoela sasèh aja 120, kabèh doewit tiloe rata dipèntaan tiloe ringgit, tu pilih bunghar hantuna. Tatapi koe djasad kaoela ditilik pangakoena ka noe bunghar djung ka noe miskin bèda pisan. Ka noe bunghar ogè, ka noe tu mèrè ngindjum mah, disaroewakun baè djung ka noe miskin.

Aja hidji batoer djasad kaoela, oerang Jogja, bunghar pisan, mawana bekel 3000 pasmat. Koe Toewan Sèh diindjum 1000 pasmat, pokna wates sapoeloeh poè murun dibajar. Tatapi ngan dibajar 400 ringgit; noe 600 ringgit mah da-