saha, sarta rėk naon kadiju tèh? „Noen, ari bapa abdi Nabi Jakoeb, sareng sedja abdi tèh rèk ngoejang."
§ 22. Gantjangna koe Radja toeloej tjandak sarta piwarang ka dapoer, dipiwarang dibèrè ngopi dadaharan. Ana gus barangdahar, dipariksa: Sabaraha manèh rèk muli béas téh? „Noen, abdi ngan sautik; ngan gadoeh salapan pasmat." Gantjangna dipaparin koe Radja lima-welas-ringgitun béasna. Doewit, noe salapan pasmat tèh, disanggakun ka Radja, sarta noe dipaparin béas téh pada ngomong dina atina: Naha oerang dipaparin rèja koe Radja. Gantjangna pada oendjoekan rěk baralik. Ladjeng radja nimbalan: Ajuna kami talatah ka bapa manèh. Panghatoerkun salam tadim kami. Poma-poma pisan koedoe didatangkun koe manèh. Ngawalonan ka Radja: Noen, soemangga pisan, sareng abdi gè badè ngaduhusan dui. Gantjangna taroeloej balik; hentu katjarita di djalanna. Gantjangna gus djol baè datang ka boemina. Prak tjatjarita: Noen, ama, koering diwijatan koe Radja Mesir ngahatoerkun salam tadim. Ari saoer Nabi Jakoeb: Alhamdoelillah! „Djung dui naha bagur temen Radja tèh, hentu tjara radja noe lijan-lijan. Sareng koering dihormat, dipaparin dahar ngopi. Sareng koering muli béas téh, salapan ringgit, koe Radja dipaparin lima-welas-ringgitun." ― Éta Nabi Jakoeb njaoer dina manah: Palangsijang noe djadi Radja Joesoep, gus dimakboel sahadjatna. Ladjeng Nabi Jakoeb soedjoed soekoer ka Pangéran. ― Katjatoerkun Jahod, Roebil, Boenjamin rėk lumpang dui ka Mesir. Toeloej baè; tu kotjap di djalanna.
§ 23. Gantjangna gus djol baě ka nagara. Prok djung goelang-goelang; ditanja koe goelang-goelang. Rėk kamana iju djelema rėja-rėja? Oelah arasoep; soegan isin koe Radja Mesir. Kukuh baé rèk asoep; toeloej koe goelang-goelang dioendjoekkun ka Radja, jèn: Badė aja djalma pirang-pirang noe rék ngoejang. Radja ladjeng loengsoer, njampurkun èta noe ngoejang; ladjeng dipariksa: Iju oerang mana? „Noen koering anoe ti nagara Kanaan tėja." ― Koemaha, dawoeh Radja, kami ngahatoerkun salam tadim tèh; gus katarina atawa tatjan koe bapa manèh? Noen, „gus katampi pisan,