Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/112

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
46

Radja dipariksa: Saha noe njokot kagoengan kami? Ari tjek Jahod: Noen, koering mah hentu njokot, ngan iju poen doeloer ki Boenjamin. Ari dawoeh Radja: Ajuna manèh baralik baẻ ka Kanaan; ari iju doeloer manèh ingkun baè di kami-Kahajang boga batoer oerang Kanaan, sarta bakal dipariksa hula. Ari manèh bawa iju soerat ti kami kur ka bapa sampean. Jahod ngawalonan ka Radja: Noen, perkawis timbalan gamparan sakitoe, soemangga pisan, noen. Prak Radja ngadamel serat. Ari dina djeroning serat: Assalamoe alaèkoem, ja Rama, kur linggih di nagara Kanaan. Ajuna kang Rama koedoe linggih ka nagara Mesir. Sareng ajuna noe djadi Radja di nagara Mesir tèh nja koering pisan, poetra kang Rama. Sareng hatoer salam bakti kang poetra, Nabi Joesoep, Radja Mesir. — Gus parantos njeratna sareng ditjap tanda Radja, ladjeng dipaparinkun ka Jahod. Gus katampi serat, paparin ti Radja; tjèdok njembah, pada amit moendoer. Gantjangna toeloej pada moelang Jahod, Roebil; ari Boenjamin tinggal di Mesir. Tu katjatoer di djalanna; katjatoerkun datangna baè.

§ 26. Enggus djol ka boemina, toeloej Jahod njanggakun serat ka ramana. Ladjeng ramana mariksakun Boenjamin: Mana ajuna docloer manèh hidji dui? „Ari Boenjamin ditinggalkun.” — Ari dawoeh Nabi Jakoeb: Koemaha sababna noe matak koe manèh ditinggalkun? Sarta djaoeh-djaoeh, djung dui lain baraja. Naba manèh tu karoenja ka doeloer? Gus kamanah koe ramana: Mana kitoe gè, nja anak tèja noe djadi Radja di nagara Mesir téh. Gantjangna Nabi Jakoeb prak moeka serat, noe paparin ti Radja tèja, sarta ladjeng diaos dina sadjeroning serat. Gus kamaphoem kabéh koe Nabi Jakoeb. Sug hoeleng sakedap, sabab soesah djung atoh. Ladjeng baè soedjoed soekoer ka Pangéran. — Katjatoerkun Radja Mesir nimbalan ka goelang-goelang: Ajuna manéh koedoe bèbèdja ka toekang djaga lawang, bisi aja oerang nagara Kanaan, rèk ka aing, oelah waka munang asoep. Koedoe guwat-guwat ngoeninga hula ka aing, sarta parèntahkun koe manèh, koedoe sadija toembak, bedil, pedang; Digitized by Google