Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
47

oelah lalawora. Gantjangna toeloej goelang-goelang marèntah ka toekang djaga lawang; gus sadija kabèh satimbalan Radja. Katjatoerkun Nabi Jakoeb di Kanaan kur dangdan-dangdan, rèk angkat ka Mesir, sarta noe badè ngiring pirang-pirang djung nganggo oepatjara. Noe badè ngiring Nabi Jakoeb gus sadija kabèh; gantjangna gus ladjeng ti nagara Kanaan. Tu katjatoer di djalanna; katjatoerkun soempingna baè.

§ 27. Gus dongkap ka lawang di nagara Mesir, toeloej ditanja koe toekang lawang; ari pokna: Iju Radja ti nagri mana datang kadiju? Didjawab: Kami ti nagri Kanaan. Tjek noe ngadjaga lawang Mangkè hulaanan; oelah waka asoep ka padaleman. Mengkè oerang ngoendjoekkun hula ka Radja. Brek pada urun hula; Nabi Jakoeb tu loengsoer tina loehoer koeda. Katjarita noe oendjoekan ka Radja dipariksa koe Radja Rèk kamana manèh? „Noen, abdi ngoendjoekkun oerang Kanaan ajuna gus soemping, kaoela-noen.” — Katjarita Radja Mesir guguwatan anggo-anggo, sareng nganggo makoeta karadjaan. Koeda, badè titihan, gus sadija, ladjeng nitih koeda, diiring koe oepatjara pirang-pirang. Tu kotjap lilana; gus soemping ka lawang. Ari ramana ngaguwat loengsoer tina koeda, sareng maos: Assalamoe alaèkoem. Didjawab koe Radja Mesir: Alaèkoem salam, sareng bari ngaguwat loengsoer tina koeda, sarta ngadawoeh Radja Mesir Ama montong loengsoer tina koeda. Tinja ladjeng bae ditjandak Nabi Jakoeb koe Radja Mesir. Tu lila dui di djalanna; katjatoerkun gus saroemping baè kabèh ka boemina Radja Mesir. Ladjeng dihormat-hormat koe poetrana. Ari Nabi Jakoeb ngahoeleng baè, sareng maos: Soebhana'llah. Gus tetep Nabi Jakoeb di poetra, noe djadi Radja Mesir, sareng ladjeng poetrana sasaoeran ka ramana ti awalna nepi ka sahir, ti wiwitan nepi ka wekasan, tu aja pisan anoe kaliwat.

Gus tamat tjarita Nabi Joesoep.