Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
73

Maka ditjaritakun Radja Naçoeha sareng gerwana Duwi Ratna Goemilang, èta hantu soesah barangdahar. Maka koe sabab èta meresan tji soesoe domba. Maka ditjaritakun domba enggus buki rosa, langkoeng laksa. Maka gus kitoe didjoewal sawarèh serta dipaké muli boedak pikun ngangon domba. Maka ditjaritakun Radja Naçoeha oenggal poè muli djalma pikun toekang angon domba. Tapi èta domba gus buki rosa, maka didjoewal sawarèh, toeloej dibulikun kana sapi, maka sapi toeloej djengkar dui anakan serta rosa. Maka didjoewal sawarèh, toeloej pakè muli onta . Maka ari onta éta djengkar dui serta rosa.

§ 7. Maka ari enggus kitoe ditjaritakun èta Radja Naçoeha mulina djalma enggus langkoeng keti, sebab èta domba enggus hantu njaho di bilangannana, ngan Allah anoe luwih oeninga. Maka ari tidinja toeloej ngadegkun Radja serta ngadamel Patih tiloe: sahidji Patih toekang ngoeroes nagara, kadoewa Patih toekang ngabagi oewang-oewang ka pekir miskin, katiloe Patih poerah ngaladènan sèmah-sèmah Radja sareng bari ngadjaga Radja Naçoeha. Sarengna dui ngadamel masdjid gedè, ditjaritakun èta Radja Naçoeha tetep tapakoer didjero masdjid sareng djung isterina. Maka èta Patih toekang ngabagi oewang sohor, maka Radja Naçoeha disohorkun ti oenggal- oenggal nagara, serta pada datang ti oenggal nagara, njoehoenkun doewit, doemèh aja radja moerah. Maka anoe enggus dipaparin, toeloej ditjirian, dibèrè badjoe burum, maka anoe badjoe burum gus pirang-pirang laksa, anoe enggus dipaparin koe Radja, serta djalma pada soeka koemawoela ka èta Radja Naçoeha. Maka ditjaritakun anoe mènta sahidjian, djung anoe mènta doewa hidjian, djung anoe mènta tiloe hidjian, èta kabèh djalma tèh kabèrè, serta sohor radja moerah.

§ 8. Maka ari gus kitoe ditjaritakun kabungharannana alah manan di nagara Iserin serta adil, djung hantu aja bilangannana sipat sato, kaja domba djuug sapi, onta embè. Maka ari enggus munang opat tahoen poetjoenghoel aja djalma kasèp, datang ka Patih oewang serta ngomong kiju: