Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

77

sèmah: Ja Radja, hantu katji, karana hantu halal. Maka ari soer Radja: Hè adjengan sèmah, aloeh soemangga baè diri kawoela sipatna djung diri poen pamadjikan, rèk dipuntjit li'llahi Ta'ala, tatapi ngan moal dibikua amal ka woela djung ibadah kawoela. Maka diljarilakun èta sèmah imoet serta sasaoeran, kiju pokna: Hè Radja, sampėan hantu oeninga ka simkoering? Maka ngawangsoel Radja: Hè adjengan sèmah, kaloeloepoetan hantu njaho ka sampéan.

§ 14. Maka ngadjawab èta sèmah, kiju poka: Hè Radja, kawoela tèh Malaikat Djabarail. Anoe malak ngaduhus ka sarapéan, dipiwarang koe Allah Ta'ala ngabatoerkun salam ta'lim, sareng dipiwarang ngadodja kasabaran sampéan. Èta enggus langkoeng- langkoeng nja sabar. Serta timbalan Allah Ta'ala, hajang ka sawarga mana baè, murun dipaparin koe Alah Ta'ala. Djung dui tiabalan Allah sampéan tèh diharamkun ka naraka getihna salètès ogè. Sarengna dui, ari èta perkawis domba, domba ti sawarga pikun sarmpèan, paparin ti Allah Ta'ala. Maka ari soer Radja: Hè Malaikat Djabarail, isin temen dipaparin salam koe Allah Ta'ala, sareng èta paparin pinten-pinten noehoen alhamdoe illahi sarèboe kali. Sareng simkoering aja panoehoen, moegi koe Allah sareng koe Rasoeloe'llah dibampoera sagala dosa gedè sareng dosa lutik. Maka soer Malaikat Djabarail: lnsja'llahoe Ta'ala. Sareng hantu lila èta Malaikat ladjeng moelih dui. Maka ari gus kiloe èta Radja Naçoeha tetep djadi radja, serta buki adil toer salėh langkoeng ka abdi-abdina, serta abdi-abdina buki sijun sareng luwih perjajana.

Tamat. - Wallahoe a' lam biççawábi.