Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
84

calla'llahoe'alèhi wasallam: Éta perkawis oemat-oemat nabi anoe tihula, ti djaman Nabi Adam, èta babari digodana, sareng nabina ogė pirang-pirang, anoe sok bunang digoda koe djisim abdi. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah: Hè Sètan, ti djaman Nabi Adam saha nabi anoe dipaké kaguluh koe manèh? Maka ngawangsoel dui Sètan, kiju wangsoelna, serta hantu munang njoempoetkun rahsijah, bilang terang kat Kangdjeng Nabi: Ja Rasoeloe'llah, ti djaman Nabi Adam taja dui anoe dipaké kaguluh koe djisim abdi sareng koe intjoe-intjoe djisim abdi, nja ėta salira Gamparan. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah, çalla'llahoe'alèhi wasallam: Hẻ Sėtan, naha manéh sok boga anak djung sok boga intjoe? Maka ngawangsoel dui Sètan: Ja Rasoeloe'llah, soemoehoen, sok gadoeh pisan, karana Goesti Allah sipat moerah. Maka ari njoehoenkun anak, njokot tina pèsak katoehoe opat poeloeh djung pèsak kèntja opat poeloeh. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah: Hè Sètan, ari manèh sok djima' tjara manoesa? Maka ngawangsoel dui Setan: Ja Rasoeloe'llah, djisim abdi nja koemaha tjara manoesa baè, tapi milihan sim-abdi mah. Maka satijap-tijap djalma djima' hantu kalawan: La ilaha illa'llahoe, Moehammad Rasoeloe'llah, èta nja èta djisim abdi aja serta ngiloe djima'.

§ 4. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah: Hè Sètan, koemaha manèh ari ka djalma sok getol ngadji atawa poepoedjian, rėk hèės? Maka ngadjawab Sètan: Ja Rasoeloe'llah, èta djalma tėh kaguluh djisim abdi serta sijun. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah: Hè Sètan, dikoemaha ari djalma hèės tėh koe manèh? Maka ngawangsoel dui Sètan: Eta, soemoehoen, dikukupan. Maka pangandika Rasoeloe'llah: Hè Sètan, oepama bantu bunang dikukupan, dikoemaha koe manèh? Maka ngawangsoel dui Sétan: Ja Rasoeloe'llah, soemoehoen, diasoepan kadjero butungna. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah: He Sètan, koemaha ari djalma hèès soeboeh sok luwih ngunah? Maka ngawangsoel dui Sètan: Ja Rasoeloe'llah, ėta, soemoehoen, dikukupan koe djisim abdi. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah: Hè Sètan, koemaha lamoen djalma sok tara bunang