87
getol ngalajad anoe gering atawa anoe paèh. Kagenep perkawis djalma sok getol poewasa soenat djung sagala palapaan anoe baris manpa'at ahèrat. Katoedjoeh perkawis djalma sok getol djijarah ka alim-aim atawa ngaduhus ka salira Gamparan. Kadalapan perkawis djalma anoA sok ngamoemoelè majil atawa ngawarodonan. Kasalapan perkawis djalma sok getol moedji ka Allah sareng ka Gamparan. Sareng loba-loba pisan hantu ditjarijoskun kabèh. Maka ngandika dui Rasoeloe'llah, çalla'llahoe'alèhi wasallam: Hè Sètan, nahaon manėh nja kabogoh? Maka ngawangsoel dui Sètan: Ja Rasoeloe'llah, pirang-pirang loba. Sahidji perkawis djalma tara noeroel ka Allah sareng ka Garaparan. Kadoewa perkawis djalma hantu daèk salat atawa poewasa wadjib. Katiloe perkawis djalma sok resepan kana sagala anoe haran. Koapat perkawis djalna sok resepan kana sagala bohong djung tjidra. Kalima perkawis djalma sok resepan kana sagala bid'ah pasèk. Kagenep perkawis djałrna sok buki hèès. Katoedjoeh perkawis djalma sok resepan kana djinah atawa resepan kana 8agala kagorèngan. Sareng pirang-pirang hantu ditjarijoskun kabèh, kawoela-noen, ja Rasoeloellah, çalla'llahoe'alèhi wasallam.
Tamat. - Wallahoe a' lam biççawábi.