Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
94

tarik atjir-atjiran, tatapi ari maèhan atawa kitoe kiju mah, hentu kadulu. Ngan èta baè tadi-tadi sakadang Kidang ngaliwat sarta loempat atjir-atjiran. Ari anak sakadang Sèro paèh sarta rahut bulungna: semoena mah katintjak koe sakadang Kidang, da èta tapak tjèkèr rahut tèh dina butungna.

§ 2. Tjèk Sèro: Èh sakadang Kujup, ajuna kaoela hajang nempoehkeun ka sakadang Kidang, koemaha petana? Kaoela hajang munang ganti. Atoeh, tjarèk sakadang Kujup, gampang katjida èta mah. Dawa baè ka nagara, oendjoekan ka Sang Ratoe Boehaja di Moehara. Kaoela saksina, soepaja munang boeroehan baè, kaoela tangtoe daèk. Naon nja sanggoep? „Kaoela sanggoep mèrè saboek tjindè woeloeng. Hajoe oerang lumpang ka nagara.” Gus kitoe toeloej pada indit lumpang ka nagara. Hentu katjarita di djalanna: katjarita gus dongkap ka pasèban baè, ngaduhus ka Sang Ratoe, doewaan sarila barina toengkoel. Dipariksa koe sakadang Koeja, Djaksa nagara. Èta ngomongna sentor serta sila toempang bari noelak tjangkèng. Birigidig, ah, èta noe doewaan. Manèh tèh oerang mana? Kitoe dui saha nja ngaran? Torodjog tampa-rarapan datang ka kami. Dèk naraon nja pikarepun manèh?" Ah, ah, èta noe doewal ngadègdèg, hentu bisa ngawangsoel, kasima dipariksa koe Radèn Djaksa. Enggus lila kakara bisa ngawangsoel. Ari pokna Noen, soemoehoen pariksa Goesti, ari ngaran djisim koering sakadang Sèro; ari iju noe hidji sakadang Kujup. Ari nja lemboer ti Paroeng Halang, kaoela-noen. Ari sapoerwa ngaduhus kapajoenun Goesti, noen, djisim koering soemedja pioendjoek. Awitna djisim koering gadoeh anak sahidji kakara oemoer tiloe puting; ari koe djisim koering ditoenda di sisi tjai, ari koering lumpang nèjangan hakanun. Hentu lila koering balik nějang anak noe ditoenda tèja. Ari datang, bet enggus paèh anak koering tèh: diilikan aja tjatjadna, raheut dina butungna. Gus kitoe djisim koering bingoeng, tu kaharti; tadi-tadi hentu rahut, taja kitoe kiju, ajuna tjatjad sarta paèh. Koering tèh loewak-lijuk soegan aja tanja-tanjaun; ari ngadepong kana lijang, bèh sakadang Kujup