Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/165

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
99

koe sang Kidang, tatkala loempat tarik; sang Kidang noe matak loempat, sawab ngadèngè sang Merak soesoerakan; sang Merak noe matak soesoerakan, sawab ngadèngė sang Doedoet titir; sang Doedoet noe matak titir, sabab néndjo sang Koenang-koenang mawa obor; sang Koenang-koenang noe matak mawa obor sabab néndjo sakadang Papatong ngalajang baè di awang-awang," „Bo, enja kaoela ngalajang di awang-awang; koemaha piwangsoelun, mas Patjalang?" ― „Gampang èta mah: Enja kaoela ngalajang di awang-awang, sabab nèndjo sakadang Kujup kahilir kagirang, mawa-mawa tjagak." Gus kaharti. „Hajoe, oerang indit." Toeloej ka nagara. Katjarita gus nepi ka pantjaniti Batoe datar tjadas ngampar. Toeloej ngaduhus ka Radèn Djaksa Monjèt-mandah. Rėrėt Radén Djaksa: „Éh, sakadang Papatong, manèh kasangkoet prakara machan anakna sakadang Sèro, sakadang Kujup saksina. Pangpaèhna tèh katintjak koe sang Kidang, tatkala loempoet tarik; sang Kidang noe matak loempat tarik, sawab ngadengė Merak soesoerakan; sang Merak noe matak soesoerakan, sawab ngadéngė sang Doedoet titir; sang Doedoet noe matak titir, sabab nèndjo sang Koenang-koenang mawa obor; sang Koenang-koenang noe matak mawa obor, sabab něndjo sang Papatong ngalajang baè di awang-awang.” „Noen, soemoehoen, ngalajang di awang-awang, sabab koering néndjo sakadang Kujup mawa-mawa tjagak kahilir kagirang bari njapitan butung boedak, getihna disupan.

§ 8. Gus bérès noe lima Ponggawa sarta gus kapriksa koe Radèn Djaksa Monjét-mandah. Gus taja manah salempang dina salirana; babari dipapaj ka asalna dui. Gus kitoe Radèn Djaksa Monjèt-mandah oendjoekan ka Sang Praboe Ratoe Maoeng, jèn gus sadija baris saksi lima djalma. „Isoekan mah, soemangga, oerang lawoengkun landrat gèdè dipajoenun Sang Praboe." Ratoe-ratoe sami koempoel sareng para Ponggawa sadaja, taja noe kaliwat sahidji atjan. Kotjap isoekna dina powèan landrat di nagara Moehara di pantjaniti noe tjalik dina tempat landrat: 1. Sang Ratoe Boehaja: 2. Toemenggoeng Tjoetjoet; 3. Rangga Loebang; 4. Demang