Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/175

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
109

anoe luwih gedé. Montong dipaké soesah, montong nalangsa, anggoer soekoer ka Pangéran. Toeloej soedjoed ka Pangéran, moega aja hampoera, sarta èling ka doeloer nepi ka nagara Mesir.

§ 8. Sigeg tjarita èta; njaritakun Radèn Ahmad, moelang tina ngala tjai, sarta njandak tjai dina roewas. Barang nepi kana handapun kai goerdah, njampak doeloerna gus uwuh, sarta aja tapak gadjah. Golèr baé kopaèhan, lila hentu éling-èling. Barang èling, ningali aja sosoèhan kopėjah, toeloej ditoetoerkun, sarta ngarasakun doeloer tèh hentu paèh.„Dėnė si njirian manèh; èta kopėjah toetoerkunun aing." Toeloej angkat, noetoerkun èta djalan gadjah. Barang dongkap kana tjai banggawan Enèl, lungit kopėjah, tapak gadjah lungit. Toeloej siram sarta ngaluut, lali ka sadèrėk, hentu kaelingan. Toeloej angkat, mipir tjai, manggih aja lemboer babakan. Noe boga lemboer nji randa, boga anak awèwè sahidji parawan, ngaranna Rara Soemekar. Ki Ahmad aboes kadjero lemboer, papanggih djung nji randa. Toeloej diakoe, ditaranja; pihatoerna koemaha lalampahan tina tadi nějangan doeloerna, semoena dibawa gadjah. Pamikir nji randa: Poegoeh naker doeloerna, noe dibawa gadjah tėja, anoe djadi ratoe. Lamoen koe aing dibédjakun sawaktja, na aing moal kabagéan koe iju djalma. Ari aing tėja soeka katjitjingan koe iju tatamoe. Gus kitoe toeloej diadjak tjitjing sarta didoeloer-doeloerkun djung anakna tėja Nji Rara Soemekar. Gus kitoe Ki Ahmad soekaun tjitjing di nji randa.

§ 9. Lila-lila kabėdjakun ka lemboer sédjén, jèn nji randa boga boedjang kasèp; rėja-rėja djalma noe laladjo, pada ngirim kahakanan saredjekina. Gus kitoe kawertakun ka Siti Bagdad, poetra Djoeragan Patih, jèn nji randa boga anak poeloeng kasèp. Toeloej miwarangan doewa baboe, ngaran Nji Palih djung Nji Padapa, ngala éta Radén Ahmad, toeloej kairingkun. Datang kana lawang kori, Radèn Ahmad dipèntaan doewit koe noe toenggoe lawang, rèjana genep poeloeh oewang pasmat. Toeloej ngoesap kana pipi, mènta kasaktian manoek, běh oewang tèh. Toeloej dibikun ka noe toenggoe