Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/184

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
118

SAHIDJI AMANTOE BILLAHI, tegesna: kaoela pertjaja ka Allah Ta'ala. KADOEWA WAMALAIKATIHI, tegesna: kaoela pertjaja kana sakabéhna malaikat Allah Ta'ala. KATILOE WAKOETOEBIHI, tegesna: kaoela perljaja kana sakabéhna kitab Allah Ta'ala. KAOPAT WAROESOELIHI, tegesna: kaoela pertjaja kana sakabèhna nabi roesoel, tegesna: nabi anoe djadi piwarangan Allah Ta'ala ngadatangkun parèntah kana sakabèhna makloek. KALIMA WA'LJAWMI'LACHIRI, tegesna: kaoela pertjaja kana poè kijamat, tegesna poè pangahirna. KAGENEP W'ALQADRI CHAJRIHI WASJARRIHI MIN ALLAHI TA'ALA, tegesna: kaoela pertjaja kana sakabéhna pepastèn, anoe hadě djung anoe gorèng, éta kabèh datangna ti Allah Ta'ala.

§ 3. PASAL. IJU SAHIDJI PASAL. Ari hartina pertjaja ka Allah Ta'ala, nja éta oerang koedoe pada nganjahokun sarta diimankun dina hatė, jèn satemen-temenna Allah Ta'ala éta wadjib kagoengan sipat doewa poeloeh. SAHIDJI WOEDJOED, tegesna aja Allah Ta'ala, éta wadjib, djung sakabéhna sipatna; moehal hantu aja. KADOEWA QIDAM, tegesna: tihula, hantu aja mimitina dat sarta sakabéhna sipatna; moehal anjar. KATILOE BAQA', tegesna: langgeng Allah Ta'ala sarta sipatna djung pagawéannana; moehal saroewa djung sakabéh anoe anjar. KAOPAT MOECHALAFATOE LILHAWADITZI, tegesna: bėda-bèda Allah Ta'ala djung sakabéhna noe anjar; moehal saroewa djung anoe anjar. KALIMA QUAMOEHOE ALLAH TA'ALA BINAFSIHI, tegesna: djoemeneng dat Allah Ta'ala koe andjun baè; moehal djoemeneng dina dat lijan. KAGENEP WAHDANIJAT, tegesna: sahidji dat Allah Ta'ala sarta sakabèh sipatna djung sakabéh pagawéannana; moehal doewa datna atawa luwih rėja, djung moehal soesoen-soesoen, djung moehal wiwilangan dina oenggal-oenggal sipatna, kaja lamoen aja ilmoe èta doewa koedratna atawa luwih rèja; nja éta moehal. Djung dui moehal aja dui noe kawasa migawé alam lijan ti Allah Ta'ala, halna ngabatoeran ka Allah Ta'ala atawa noeloengan, halna boga tapak. KATOEDJOEH QOEDRAT, tegesna: kawasa Allah Ta'ala ngajakun moemkin atawa ngauwuhkun moemkin: moehal apes. KADALAPAN IRADAT, tegesna: keresa