Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/185

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
119

Allah Ta'ala; moehal hantu keresana Allah Ta'ala ngajakun moemkin atawa ngauwuhkun moemkin; anging koedoe ditangtoekun hula koe sipat keresa ti adjalna; moehal hantu aja keresana. KASALAPAN ILMOE, tegesna: oeninga Allah Ta'ala kana sakabéhna anoe wadjib, djung kana sagala anoe moehal ajana, djung kana anoe wenang ajana, sarta samèméhna diajakun moemkin tèh, èta gus kaoeninga koe Allah Ta'ali ti adjalna, rèjana, gedèna, lutikna, pandjangna atawa pondokna, ridjekina, djung bagdjana djung tjilakana, èta gus kaoeninga koe Allah Ta'ala saméméhna aja; moehal bodo Allah Ta'ala djung sakoer ma'na bodo, kaja sjak atawa tlan, atawa waham, atawa ilmoe noe nalari, atawa ilmoe noe laroeri, nja ėta moehal. KASAPOELOEH HAJJAT, tegesna: hiroep Allah Ta'ala; moehal paèh atawa hiroep koe njawa. SAWELAS SAMA', tegesna: ngarungu Allah Ta'ala kana sakabéhna anoe modjoed kadim atawa modjoed anjar, sowarana atawa uwuh, djaoeh atawa dukut, èta kabéh karungu koe Allah Ta'ala; moehal hantu karungu koe Allah Ta'ala. DOEWA-WELAS BAÇAR, tegesna: ningali Allah Ta'ala kana sakabéhna modjoed anoe kadim atawa anoe anjar, djaoeh atawa dukut, di anoe poèk, atawa di anoe tjaang, soemawona anoe aja roepana, èta kabéh katingali koe Allah Ta'ala; moehal boeta atawa ningali koe sotja anggohota. TILOE-WELAS KALAM, tegesna: ngandika koe kalam Allah Ta'ala sakabéhna anoe wadjib ajana djung anoe moehal ajana djung sakabéhna anoe wenang ajana, uwuhna pisan-pisan; kaliwat moehal bisoe atawa ngandika koe lambè anggohota atawa koe hoeroep, koe basa sowara, nja éta moehal. OPAT-BELAS KADIRAN, tegesna: anoe koewasa Allah Ta'ala; moehal anoe apes. LIMA-WELAS MOERIDAN, tegesna: noe keresa Allah Ta'ala; moehal noe hantu keresa. GENEP-WELAS 'ALIMAN, tegesna: noe oeninga Allah Ta'ala; moehal anoe bodo djung sakoer ma'na bodo, kaja sjak, atawa tlan, atawa waham, atawa ilmoe noe nalari atawa ilmoe noe laroeri, nja éta moehal. TOEDJOEH-WELAS HAJJAN, tegesna: anoe hiroep Allah Ta'ala; moehal anoe paèh. DALAPAN-