Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/197

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
131

batin ramona kana enggon soedjoedna; kalima koedoe ngaloehoerkun bobokongna manan sirahna; kagenep koedoe dihadja pangsoedjoedna; katoedjoeh(?). PASAL. Ari sarat sah dijoek antara doewa soedjoed èta doewa perkara. Sahidji koedoe dijoek sarta toemaninah; kadoewa koedoe dihadja pangdijoekna. PASAL. Ari sarat matja tahijat djung matja salawat djung awèh salam ėta lima perkara. Sahidji koedoe bener hoeroepna; kadoewa koedoe oelah dikoerangan tasdjidna; katiloe koedoe bener babarisannana; kaopat koedoe kadèngė koe juli manèh; kalima koedoe dibatja bari dijoek, lamoen kawasa dijoekna. PASAL. Anoe ngabatalkun kana salat èta sawelas perkara. Sahidji panggawė rèja-rėja, kaja ngalèngkah tiloe lèngkah, halna noeli-noeli atawa mupuh-mupuh; kadoewa nambahan roekoen anoe bangsa panggawè dihadja; katiloe ngaroerangan roekoen halna dihadja; kaopat njatoe atawa nginoem, halna dihadja, sanadjan hantu rėja-rėja; kalima kadatangan nadjis kana badan atawa kana samping, nadjis anoe hantu dima'ap; kagenep kadatangan hadas gedé atawa hadas lutik; katoedjoeh kaboeka orat, halna hantu diguwat ditoetoepkun sapadaharita; kadalapan noekang ka kiblah dadana; kasalapan ngaloewarkun soewara doewa hoeroep atawa sahoeroep, lamoen aja hartina, kaja ngomong atawa tjurik, atawa hoemaroeroeng, atawa ngadèhèm; kasapoeloeh owah nijat atawa ngagantoengkun megatknn salat koe barang-barang kalakoean; kasawelas moertad.

§ 21. PASAL. Ari sarat sah salat bardjama'ah èta doewa-welas perkara. Sabidji oelah nangtoeng diharupna imam kunungna; kadoewa koedoe njaho kana sakabéhna takbir imamna, pindahna tina sahidji roekoen kana roekoen sédjén; katiloe koedoe koempoel imam djung ma'moem dina enggon sahidji; kaopat koedoe moewapakat atoerannana salat ma'moem sarta imam, maka hantu sah salat Ioehoer atawa asar ma'moem ka noe njalatkun majit; kalima koedoe moewapakat ma'moem sarta imamna sakabéh soenat-soenat, anoe djadi gorèng roepana, lamoen ma'moen hantu miloe, kaja tahijat atawa koenoet; kagenep koedoe nijat ki ma'moem