Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
135

ditoekangunnana. Pada hal lamoen kadèngèun koe èta djalma, anoe diomongkun tèh, tangtoe murun guluhun. Saroewa baè djung anoe diomongkun koe manèh sipat kakoerangan dina badanna atawa dina pagawèannana, atawa dina agamana, atawa doenjana, atana dina papakèannana atawa dina imahna, atawa dina sato-hèwanna, atawa dina salijanna tidinja. Èta sakabèh omongan enjana anoe gus diseboet tèh ngoepat ngaranna, sarta matak djadi lalim. Sanadjan enjana pangdiomongkun tèh, pon ngoepat baè ngaranna. Kaopat, lètah tèh oelah dipakè mèra, tegesna njela kana omongan, sarta madoean, toer ngabenerkun manèh, djung oelah dipakè djidal, tegesna, papadoean dina mas’alah ilmoe sarta datang ka ngaloewarkun karana dalil, djung soepaja ngèra-ngèra ka batoer padoe tèja, djung oelah dipaké moenaqasjah fi’lkalámi, tegesna madoean kana omongan batoer. Karana èta anoe tiloe matak njeri angen, djung ngagègèlo dungun, djung njela omongan dungun, sarta moedji manèh. Ari kitoe petana tèh ditjegah koe Sara’ Kangdjeng Nabi. Kalima, lètah tèh oelah dipakè ngabersihkun manèh, oelah dipakè moedji manèh. Kagenep, lètah tèh oelah dipakè ngala’nat, tegesna, oelah ngagogorèng kana sakabèh dadamelan Allah Ta’ala, djung oelah njarèkan kana sakabèh anoe didjadikun koe Allah Ta’ala. Kitoe sotèh, lamoen ditangtoekun, saroewa baè anoe digogorèng atawa anoe ditjarèkan, manoesa, atawa sato-hèwan, atawa batoe, atawa kajoe, atawa sunu, atawa tjai, atawa sapapadana salijanna tidinja : saroewa baè djalma islam atawa kapir, anoe ditangtoekun. Bèda-bèda, lamoen oemoem : maka nja èta hantu naon-naon, saperti lahir Allah Ta’ala, anoe diseboet dina, Koer’anoe’l’atlim : La’natoe’llahi ’ala’lkáfirina atawa la’natoe’llahi ’ala’lkádzibina. Tatapi ari oetamana mah oerang tèh nja oelah baè ngala'nat kana naon naon ogè. Katoedjoeh, lètah tèh oelah dipakè ngadoe'akun kana sahidji mahloek Allah Ta’ala kana kagorèngannana, sanadjan nganiaja ka manèh, pon oelah baè ngadoe’akun kana kagorèngan teh anggoer koe manèh serahkun baè èta pagawéan èta djalma ka Allah Ta’ala. Kadalapan, lètah tèh oelah