paké mizahh, tegensna banjol, djung oelah dipaké soekhrijat, tegesna, oelah dipaké ngomong huruj, djung oelah dipaké istihzá bi'nnási, tegesna, ngahinakun ka pada manoesa pada hal huhurajan. Karana èta kabèh anoe tiloe perkara ditjegah koe Kangdjeng Nabi.
§ 3. Djung dui, ari butung tėja, anoe matak diajakun di manèh, koedoe diraksa, oelah dipaké njatoe anoe haram djung anoe soebhat: koedoe dipaké njatoe halal. Ari anoe halal tėja, nja éta kaja oentjal, djung sapi, djung sapapadana, anoe bunang moroan ti luwung, djung sakoer anoe bunang ngala tina kakaian di luwung, kaja sagala poepoetjoekan atawa dangdaoenan, djung sapapadana, kaja bunang ngali ti goenoeng, kaja emas atawa salijanna, djung poesaka-poesaka, djung bunang dagang, djung bunang njawah atawa ngebon, djung arta djakat, djung panjidekahan-panjidekahan, djung tina hadijah-hadijah, djung pamèrè, djung sapapadana. Ari anoe haram tēja, saperti babi, djung barang bunang maling atawa bunang ngarampas, djung barang riba, djung arak, djung ladang arak, djung salijanna tidinja sagala anoe haram. Ari anoe soebhat tèja, nja éta barang anoe sak kana halalna djung kana haramna, tegesna, anoe hentu tètèla halalna djung hentu tètèla haramna.