Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
2

Pèk ngomong Boedak Mandjor: Hajoe, djoeragan, oerang lumpang ka nagara Koeta Tandingan. Tinja toeloej lumpang Boedak Mandjor tèh djung Ratoe Agoeng. Ari datang ka nagara Koeta Tandingan, dipangreboetkun piguruhaun ti Koeda Pamekas. Der baè perang djung Koeda Pamekas. Toeloej disedekkun Koeda Pamekas ka nagara Koeta Haralang. Mènta toeloeng Koeda Pamekas ka Badak Haralang; ditoeloeng koe Badak Haralang, hentu mahi ka Boedak Mandjor, èlèh doewannana. Ngawoela baè kabèh ka Boedak Mandjor, nagara Koeta Haralang dibikun.

§3. Ari gus ngawoela kabèh, Boedak Mandjor tèh toeloej njampur Nji Gendroek, dibawa ka sawerega, rèk mènta diganti roepa ka Dèwata. Datang ka sawerega, pok ngomong ka Dèwata: Kaoela hajang diganti roepa, diganti ngaran djung iju doeloer kaoela. Sug diganti roepa doewannana sarta diganti ngaran. Ari Boedak Mandjor dingaranan Kai Soetra Kalang Panggoeng, Nji Gendroek Atji Wangi Ratna Inten. Ari gus kitoe amit, rèk ngawoelaan Ratoe Agoeng. Diwidian koe Dèwata. Toeroen ti sawerega, datang ka Ratoe Agoeng Koesoemah Sang Dèwa Sakti di nagara Koeta Tandingan. Dipariksa koe Ratoe: Iju oerang mana, mènak kasèp-kasèp? Ari tjek Soetra Kalang Panggoeng: Na, Ratoe poho ka kaoela? Kaoela tèh Kai Mandjor tèja; ari iju Nji Gendroek tėja. Ari saoer Ratoe: Koemaha noe matak djadi gulis? „Soemoehoen, sabab dilokat koe Dèwata. Ajuna mah gus pada ganti ngaran kabèh. Ngaran kaoela Soetra Kalang Panggoeng haloel tapa Radèn Djaksa Tètèsan Goerijang domas, ari doeloer kaoela Atji Wangi Ratna Inten poetri ajoe ti Dèwata.”

§ 4. Saoer Ratoe: Ajuna rèk naon karep? Ana ngawangsoel: Baréto djoeragan kaoela, ajuna djoeragan kaoela. Ngan rèk ngawoela baè kadiju sotèh. Ratoe kaèwoehan; ari diandel, bisi lain, tu diandel, bisi enja. Pok njaoer: Hadè rèk ngawoela ka aing, tapi pangnaloekkun hula Ratoe Balangbangan, ngaranna Kebo Sadingding, Patihna Kebo Kalawiran, Djaksana Moending Boentiris, adina Poetri Gandir Wangi.