Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

noe témbong tidiju? Tjek Langon Sari: Nagara Daha. „Saha noe boga, kakang?” — Noe rèk disampur koe oerang tèh nja èta, ngaranna Radèn Djalak Mangprang, adina Nji Mangprang Wajang Mantri Kembang. Doeloer kakang gè gus aja didinja, ngaranna Rangga Wajang. „Kadjaba ti doeloer oerang saha dui noė aja didinja?” Tjek Langon Sari: Aja, ngaranna Koeda Siloeman djung Rangga Tjampaka. „Ari awèwèna, kakang, saha?” Tjek Langon Sari: Nji Maja Siloeman djung Nji Tjampaka Larang. Gus kitoe toeloej loeroen ti mèga malang, datang ka nagara Daha, njampak gus sadija. Dipariksa koe Djalak Mangprang: Soekoer adi datang kadiju; koe kakang kur didagoan pisan. Koemaha? Derang rèk ngawoela tèh ka pitoeloesunnana, sabab kakang gus sadija, oeloen koering gus koempoel. Toeloej tjek Langon Sari: Noe matak kadiju gè, rèk njampur kakang. „Soekoer, ari toeloes mah, tapi oerang ngabedjaan hula ka nagara, ka nagara Koeta Waringin." Saè, tjek Langon Sari, tapi koedoe miwarang kakang Rangga Wajang, sarta montong lumpang badarat, toempak djaran baè, djaranna Si Dawoek Rantè. Saoer Djalak Mangprang: Rangga Wajang, ajuna manéh lumpang ka nagara Koeta Waringin, sarta toempak koeda. Hatoer ka Patih Gadjah Waringin atawa ka Ratoe: Dipiwarang koe raji sampèan, Langon Sari, rawoeh Radèn Djalak Mangprang; ajuna rèk sedja ngawoela. Noe matak ngoeninga hula, sababna mawa balad pirang-pirang. Bisi kagèt oerang Koeta Waringin. Soemangga, tjek Rangga Wajang.

§ 3. Dangdan; gus sadija, toeloej lumpang Rangga Wajang, toempak koeda. Datang ka nagara Koeta Waringin, toeroen di aloen-aloen, toeloej ngaduhusan ka Patih. Patih mariksa: Oerang mana iju roesoeh-roesoeh? „Kaoela oerang nagara Daha.” — Saha nja toewang djenengan? „Kaoela Radèn Rangga Wajang dipiwarang koe raji sampèan, Koeda Langon Sari, rawoeh raka sainpèan, Radèn Djalak Mangprang. Ajuna raji sampèan rawoeh raka sampèan rèk ngawoela ka Ratoe.” — Ari pidalangunnana di poè naon? — „Noen, soemoehoen,