Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7

poè iju pisan. Ari djoemlahna djadi opat nagara.” Tjek Patih: Kaoela tatjan bisa narima; rèk hatoeran hula baè ka Ratoe. Ajuna, Rangga Wajang, toenggoe baè hula di paséban. Toeloej Patih ka Ratoe; datang ka Ratoe, mamandapan, bat sembahna, gèk dijoek, sila mando. Dipariksa: Rèk naon bèdja, kakang Patih? „Noen, Goesti, koering noe matak marèk ka Goesti, kadatangan koe hidji djalma, ngaranna Radèn Rangga Wajang.” — Rèk naon? saoer Ratoe. „Noen, pokna dipiwarang koe raka Goesti, Radèn Langon Sari, doeloerna Njai Soemoer Bandoeng Talagangsa Ratoe Mas Bitoeng Woeloeng djung Radèn Djalak Mangprang, Mėnak nagara Daha, adina Njai Mangprang Wajang Mantri Kembang. Djoemlah opat nagara; sedjana rèk ngawoela ka Goesti.” Saoer Ratoe: Soekoer. Ajuna, kakang Patih, papag baè. Masing hadè-hadè hormatna; oelah lalawora. Noen, soemangga, tjek Patih.

§ 4. Tinja toeloej Patih ka pawarang Ratoe, pok Patih, saoer Patih: Ajuna oelah tiisun. Timbalan Ratoe koedoe sadija; bakal aja sèmah ti nagara sédjén, rèk ngawoela ka oerang. Tjek pawarang Ratoe: Soemangga; tapi kaoela gus munang bèdja noe ngawoela tèh Nji Soemoer Bandoeng. Êta rèk ngareboet salaki kaoela, tapi kadjun. Ngan mangkè ari gus datang kadiju, hajang diadoekun hula di aloen-aloen pagulis-gulis, pabuhngar-buhngar, pasakti sakti. Tjarèk Patih: Njai, oelah kitoe. Luhung basa, Njai, ari mahi. Njai tèja lain mėk poepoelasan, mana djadi pawarang ogè. Ari hentu mahi tèja, Njai matak njandangan wiwirang. Ari wiwirang tèja murun mawa-mawa kakang. Lamoen kitoe mah Njai téh lain wawarahan kakang. Ajuna mah koedoe rapih baè, da itoe mah rèk ngawoela. — Tjek Nji Toendjoeng Waringin: Lamoen tu digoegoe mah, kaoela rèk newek manéh baè. Tinja soesah Papatih téh; lila-lila ngawangsoel: Hadè, Njai, ari kukuh mah. Toeloej Patih téh ka pasèban; datang ka pasèban, mariksa ka Rangga Wajang: Rangga Wajang, ajuna gus ditarima koe Ratoe; gura djol baè. Ngan saperkara: pawarang Ratoe wera, sabab munang bèdja jèn Soe-