Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
19

Oeh, alah, naha ki bas kabina-bina tuing ka noe tampadakea. Ari tjarék ance lolong téh: Uj, ngararampa hoé. Oerang uradan si bas, da moal tu mantog, tangtoe kadiju djalanna.nKapareng manggih tali beelud-boelud, tu njaho hoé, tu njaho aruj, da tu kabirunguh. Tinja toeloej dilajakkun, dihajukan toengtoengna sabulah séwang. Tjarék noe lolong téh: Njoempoet oerang, oelah katéndjo koe tangkoerak sibas. Samangsa ngoeroenjoed, koe silaing tarik, koe déwék ditarik, papaj uradna, kerewek baé oerang tjerek. Tidinja ting-djarentoel noe lolong, ngadago-dago ki bas. Bareng kitoe ki bas dék balik; gus kitoe katjéndo koe bas jén noe lolong kur tjaritjing. Tjarék bas: Dulu toeh, uj, si lolong ngarah ka oerang. Tajoh gus diboeka paros téh. Ki bas barina susurian; tinja lumpang Jalaoenan.

§ 7. Barang gus nepi kana urad, ditjoér uradna, koenjoenjoed. Tjarengkat baé noe lolong, padogér-dogér ngekenjang uradna. Ari pok-pokannana: Sag, tangkoerak sija bunang. Ajuna mah papaj tinja, uj. Pada mapaj, pada mapaj, rap gaproek, silih-tangkup, geloet noe lolong pada lolong, maroekanna ki bas katjerek. Pok-pokannana: Top tjerek, sasar koe silaing kontolna. Sasar kontol Hanggalaja koe Ambongkara kerewek. Gero: Iju mah kontol aing; naha ditjerek? Ari tjarék Ambongkara: Sar; sija modar ajuna ogé. Oejoep-ajap lungun Hanggalaja bari gogoakan munang peta tjerek kontol Ambongkara, goak pagoak-goak, saperti andjing, silih-tjekel tjuli. Demi ki bas tu kaampuh pisuriun, geledeg laloempatan balik. Ari iju noe geloet gus pada ijapé, silih-ragap mata: Eh, silaing; éh, silaing. Pok-pokannana. Uj, Hangga; oek, Ambong. Aéh, aéh, koetan karah. Ah, hajoe balik baé. Brai balik. Demi nepi ka imah ki bas, tjetjeloekan anoe lolong téh, rérépéh, tu némbalan.

Tamat.

_____________