VI.
DONGÈNG DJALMA KASALAHAN DULU.
§ 1. Aja hidji djalma, oerang pigoenoengan, ari lemboerna di kampoeng Djolak, ngaranna Bapa Biloek. Ari gawéna njadap, njiun goela. Djung dui éta Bapa Biloek pamadjikannana doewa, sarta disalemboerkun, imahna paharup-harup, baléna hidji, disangharupan koe doewa imah. Ari éta Bapa Biloek saban-saban datang ka luwung kana tangkal kawoeng, ari diljokot lodong-lahangna, gus kosong-kosong baé. Tinja Bapa Biloek garétékun bari goendoeng-gendeng: Na, saha djalmana noe sok maling lahang? Tinja Bapa Biloek balik ka lemboer, bébédja ka pamadjikannana, pok-pokannana: Pamadjikan, lapoer-lapoer baé lahang téh dipaling. Ajuna aing rék njiun baroewang. Lamoen tatjan bunang mah, tatjan poewas baé. Aing moal waka-waka balik, lamoen tatjan bunang mah.
§ 2. Pék njiun baroewang, broes kana lodong, bral kana sadapan, ngaitkun lodong, bral ka panggoelaan, njoempoet. Ari waktoe gus diusi lodongna, datang aoel bikang, maling lahang. Toeloej éta aoel wuru, kapaéhan, ngabrakakak dina sigaj, huntjutna tjanduwok, awakna sagedé djelema, roepana tjara djelema. Ari gus waktoe njadap, toeloej Bapa Biloek kana sadapan. Ana diténdjo kana loehoer kawoeng, gus ngabrakakak si aoel. Ari tjarék Bapa Biloek: Toeh, noe sok