Lompat ke isi

Kaca:Soendanesche bloemlezing - legenden en Moslimsche leerboekjes.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
32

jankun ka ramana: Koering puting tadi ngimpi dahar sarangéngė sareng boelan montjorong, sareng ngimpi nėndjo bentang, doewa rèjana, di malem Djoem'ah pisan, wantji tengah puting. Sareng lain riwan, teges impian, sareng koering sarè téh ngan sorangan bae. Toeloej sasaoeran ramana: Tjoba, Jahod, Roebil koe manèh tėjang? Ajuna kur naon gawèna? „Noen, ama, ajuna doeloer koering kur aloeng bojong; koering hajang oeninga alamatna hade atawa gorèng." ― Horèng iboena kawalon tèh gawėna kur ngintip di pipir imah. Toeloej Nabi Jakoeb sasaoeran ka Joesoep: Manèh oelah rėja tuing omong sarta oelah katara. Agoes lamoen hentu njaho ėta perkara, boelan njatana indoeng tèrè, ari bèntang njatana doeloer tèrè, ari pananpoė njatana ama. Tah, lamoen tu njaho. Sarta èta impian aja dui alamatna. Agoes tèh pidjadiun ratoe sarta doeloer agoes pada noeroet kabéh ka paréntah agoes mengkèna. Kitoe timbalan ramana. Ana gus kitoe kadangoe koe iboena kawalon, jèn kitoe saoerna ka Joesoep, ladjeng nangis iboena kawalon bari loempat ka tegal, njampurkun Jahod djung Roebil bari nangis.

§ 3. Ari saoer iboena: Jahod, Roebil, naha manèh hentu boga pikir, hentu perih nja ati doelóer manèh bakal djadi ratoe sarta manéh bakal djadi pangarit? Na, hentu boga kaèra. Saroewa pada toeroenan, disapirakun tuing nja hidajat. Toeloej Jahod djung Roebil ngawalonan ka iboena: Iboe, kadjun tuing, da gus pada aja ridjkina sareng hentu saroewa djalma téh, pada misah-misah ridjkina. Soekoer Joesoep djadi ratoe, sabab koering doeloer ka Joesoep. Hadè ogė salah-saoerang. Koering mah ngan dėk noeroet. Kitoe saoerna Jahod djung Roebil. Toeloej bendoe iboena katjida pisan, sabab poetrana ngomong kitoe. Ari tjek iboena: Toeloej boeboedakunnana, lamoen kitoe mah Si Jahod djung Si Roebil. Noen, iboe, lamoen kitoe, tu ngandel ka Pangéran. Lamoen djalma saroewa hidajatna, saroewa soegihna, djadi Goesti Allah hentu kawasa, lamoen kitoe gus pihidajatunnana. Toeloej iboena moelih ka boemina. Sug dipariksa