Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VI

ANEMER Harjo keur diuk nyanghareupan meja tulisna, sababaraha lambar kertas nu geus ditulisan ku jajaran angka patumpuk. Mesin hitung ngajagrag, nu sakeudeung-sakeudeung ditotolan, diputerkeun, mariksa bener-henteuna jumlahan beubeunangan pagawena. Manehna kudu nyaho sabaraha rebu bayareun kulina dina minggu eta. Sanggeus kanyahoan sabaraha rebu engke poe Saptu nu kudu dikaluarkeun, manehna ngabel pembukuan, nanyakeun sabaraha kas nu aya. Manehna merengut muneus kasna teu nyukupan keur bayaran. Pusing, mun keur kitujol rekening nu nagih, hutang urut anjukan bahan-bahan kaperluan borongan gedong nu keur ayeuna dipigawe. Leuwih pusing deui, tagihan manehna sorangan teu hasil, pagawean nu geus beres can dibayar.

Ngahuleng, ngomong sorangan: ”. . . . . . . . .Duit, duit. . . teu beda jeung bujang bageur, tapi duit, lamun geus bengal sok ngabujangkeun. . . . . . .”. Manehna imut ngalenggak.

Breh katenjo, dina jurumejana aya majalah.

Pikiran masih kabeulit ku sual duit, leungeun nyokot majalah, panon nenjo kana ramona sorangan mukaan salambar-salambar.

Manehna ngagebeg, barang tenjo panonna ngarandeg dina lebah aya potret.

„Potret Mimin . . . ., aya dina Majalah . . . . . .”Gerentes hatena Anemer Harjo.

Tulisan nu aya handapeun potret dibaca:„. . . . . Sinden Mimin, hiji-hijina sinden bakat nu boga sora-emas. Lahir dina taun 1920 . . . . Atuh meureun nepi ka ayeuna tahun 1954 Neng Mimin teh umurna kakara 35 taun.”

Harjo ngahuleng deui, breh Mimin dina wangwanganana. Ngeng sorana, awas dilakna, imutna . . . . . . . sakabehna.

Beuki jauh ngalun panglamunan, ret kana potretna, enya

99