Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Neng Mimin teh manis, katambah ku boga sora, . . . . mulus leuwih ti Sinden sejen . . . . . Mimin jadi mashur, jadi loba nu deudeuh, loba nu resepeun, loba nu bogoheun.

Manehna cengkat, nyalukan supirna.

„Mad! Ayeuna indit ka Tepangsono, ka Neng Mimin supaya ka dieu, urang aya perlu kituh! Ulah liwat ti pukul 11, kitu nya!”

Ceuk babasan tea mah kawas hayam keur endogan, gek diuk sakeudeung, kek kana kertas, diilikan, jung nantung deui, jalang-jeleng nulak cangkeng, pikiran pinuh ku timburuan, boa Mimin nyampak euweuh dibawa ku beubeureuh anyar, boa ayeuna teh keur diriung-riung bae ku lalaki nu hayang kapilih . . . . . . . „Kurang ajar! Ti ayeuna Mimin ulah ngencar!” Datang amarahna, . . . . . tapi kapan Mimin teh lain pamajikan, . . . . . . ah!” Pikiranana buntu.

Huleng jenteul. Jentul ngahuleng deui, samar sieun Neng Mimin moal kabawa ku Supirna. Manehna geus gilig, buleud sakali tepung ayeuna mah, rek sakalian ditanya daek henteuna mun dikawin.

Timbul pananya anyar. Kumaha mun heg ditanya teh ngajawab tacan pareng. Dipaksa? . . . . . Teu bisa jadi. Jeung teu pantes, lain tangtungan dirina, mun nepi ka kudu ngajalankeun paksa - pirusa teh.

Ras inget kana babasan „uang punya keras”. Duit, engke nu bakal bisa meulit hatena Mimin. Duit, engke nu bakal Mimin terus ngait kana dirina, Mimin bakal taluk, Mimin bakal tunduk, bakal ngaringkuk ngarangkul tuur Harjo, sabab Harjo cukup duit. „Duit! Duit! Duit!” Harjo ngunyem.

Geus sababaraha kali diuk, sababaraha kali nantung, sababaraha kali ngajanteng, dilawang ngadagoan asa ku geus lila, ret deui ret deui kana erlojitangan erloji digodeg-godeg, teu percaya yen hirup, ku bawaning kasengrem ku jaman hayang gok amprok.

Can pukul 11 Neng Mimin datang.

Waktu mobil datang Harjo keur ngajanteng dina panto. megat. Tapi ana gok katenjo dina mobil aya Mimin. Harjo lain mapagkeun, hayoh kalah ka jero sarta gek diuk dina korsi, kek

100