nyekel pulpen, tret tutulisan teu puguh, nu puguh mah rek jual mahal.
Mimin turun tina mobil, sup ka kantor.
Mimin ngetok panto bari imut, asa-asa aya nu dipikiran.
„Masuk!” Sora ti jero.
Mimin asup, ngajanteng.
Harjo ngareret, jiga nu teu sono, pok ngomong: „Aeh, Mimin! Jeung saha?”
Mimin ngalieus nukangan, nyanghareup kana kaca nu aya di satukangeun Harjo.
Harjo nenjo Mimin ngalieus mah kakara cengkat, katembong rasa kagetna, da buru-buru nyampeurkeun nyekel taktakna Mimin.
„Teu kaopan Mimin mah!”
„Abdi mah bade wangsul deui. Naha atuh make sasauran jeung saha, kapan abdi ka dieu teh nyumponan panyaur.”
„Hampura, Min! Kaka teh keur riweuh ku ieu pagawean.”
Mimin imut, pok ngomong: „Atuh matak nambihan pikariweuheun.”
„His, nyaeta, sugan leungit riweuhna ari dibaturan ku Mimin mah.”
,,Oh abdi teh bade didamel landong riweuh?”
,,Enya kitu, meureun,.... Di dieu Min calikna.”
,, Tos, damang riweuhna?”’
,Mimin mah! Ayeuna urang ulin ka Lembang, urang niis geura, bari urang dahar di Hotel Lembang.”
,,Upami sakadar palay niis mah tong ka Hotel Lembang, di rorompok oge aya hihid kangge ngageberan. Atuh palay tuang, hayam aya, meri sayagi, palay lauk-emas bibit kapan dibalong oge teu kurang nu sami sareng bitis.”
,,Mimin mah. Hihid sagala, hayam, meti, lauk-emas disebuttan.”
,,Atuh da sumuhun, upami kariweuhan Kaka tiasa dilandonga ku Mimin teu kedah ka Lembang, di Tepangsono bae sabatae atuh.”’
,,Nya ku Mimin nya hawa Lembang, kakara yeuh, karuwetan
101