Kaka bisa leungit ..... Hayu, ah!”
Mimin dikaleng dibawa kana mobil.
Pagawe-pagawe nu aya di kantor arolohok nenjo dununganana ngiringkeun nu geulis.
„Jiga Sinden Mimin, euy!” Ceuk sala-saurang pagawe kantor, „tuh euy kana mobil!”
Mimin jeung Harjo dariukna di tukang.
Dius mobil mangkat, Harjo pohara ngarasa sugema, umat-imut, aya Mimin di sagigireunana daek dibawa ka Lembang, ka tempat sepi, nu teu riweuh ku sora-gandengna kota. Ku ajaman engke di ditu rek mahekeun eusi hatena, nembrakeun karep nu geus lawas dicita-cita, sarta supaya hasil maksudna teh, leuwih ti heula rek ngayonan kahayangna Mimin.
„Tuh, Ka! Aya gedong manis hegar kitu!” Cek Mimin bari nunjuk kana gedong nu aya di sakatuhueun jalan.
Reg mobilna eureun. Harjo jeung Mimin turun nyidikeun gedong nu ku Mimin disebut manis hegar tea.
„Naha Mimin hayang kitu gedong nu kawas kitu?”
Mimin imut, tapi ari pok ngucapkeun hayang mah henteu. Kalah ka malik nangtung nyanghareup ngidul, pok ngomong: „Aduh Ka! Ti lebah dieu teh geuning mani ngemplong ka Dayeuh ....., waas lah!”
Mun Mimin resep di dieu, tuh tonggoheun nu ceuk Mimin hegar, aya tanah kosong, urang beuli, heg urang nyieun gedongna, kapan Kaka teh Anemer tukang nyieunan gedong bisa masih hayang leuwih alus batan gedong eta oge.
„Muhun, nya Ka!”
„Tanahna teh limapuluh tumbak weh, ambeh cukup keur ngebon sayuran di tukangeunana.”
„Muhun, nya, Ka!”
„Mun Mimin enya hayang, isukan oge Kaka rek nitahan maluruh nu bogana, urang beuli.”
„Eta Ka! Upami wengi resep temen ningali Dayeuh ningal lampu reban ting karetip lir kuang-kuang.”
„Atuh puguh wae ..... Heg, ku kaka dilaksanakeun .... Ayeuna mah urang teruskeun ka hotel Lembang, urang ngadon